Ieu kaca geus divalidasi
- Ari kujang nu liangna aya tilu, pan keur Wulanjana, Prabu Kian Santang sohor, eta kujang nya pikeun agemanana.
- Pikeun Dewi Raraamis nu kahatur, pan prameswarina, nelah Pangeran Abdullah, nu asalna ti Mesir nagara sebrang.
- Prabu Seda ing Pakuan anu manggung, boh Banjar Patroman, putra cikal anu kasep, Siliwangi nu ti Ratu Maribaya.
- Malah waktu Prabu Wulanjana unggul, keur ngelehkeun jendral, Kian Santang ti Cina ge, anu gagah kulitna anu teu neurak.
- Tapi ari ku Kujang ieu mah tembus, eyang untung pisan, meunangkeun kujang ieu teh, namung eyang teu terang kagungan saha?
- Ku lantaran ieu Eyang pan geus sepuh, diwariskeunana, ka hidep keur prabot wae, boh keur nyegah kamungkaran kadoliman.
- Heug tarima ku itikad nu jalujur, pikeun arandika, jeung piara hade-hade, keur ngabela persoalan bebeneran.
- Sanggeus narima kujang ti Eyang sepuh, pok tiluanana, sasauran anu bentes, "Hatur nuhun Eyang ngaleler pusaka.
- Mugi-mugi Gusti Anu Maha Agung, teras nangtayungan, aya dina hibar wae, ka sim abdi nu aya di perjalanan.
- "Jung arindit!" saur Sunan anu Sepuh, Sunan Abdulwafa, Sunan Tegalwangi keneh, nyariosna lir anu sungkan papisah.
- Kitu deui putuna nu tembong tilu, namung aranjeunna, ngamanah misah teh hade, keur ngabela lemah cai anu mulya.
49