Ieu kaca geus divalidasi
- Harita teh bisa milih, nyiar tangkal anu aman, ku lantaran poek manten, tambah leuweung geledegan, kalacat naek dahan, barang geus meh rada luhur, nyepeng dahan anu euyak.
- Pan oray henteu sak deui, anjeunna luncat ka handap, leuwih cepet tah oray teh, kulawit ngabeulit badan, Raden Jaka Taruna, teu robah teu bisa nangtung, teu tiasa walakaya.
- Tapi manahna mah seuri, teuneung ludeung henteu reuwas, mumuntang ka Gusti Allah, ka Allah azza wa jalla, anu Mahakawasa, Anjeunna nu bakal nulung, ngaleupaskeun tina bahla.
- Aneh oray anu meulit, karaosna bet ngendoran, lila-lila beuki kendor, ahirna golosor ragrag, Raden Jaka teh heran, ku jadina oray kitu, ngarti teu beda jelema.
- Lajeng anjeunna teh muji, ka Allah Anu Kawasa, ka Anjeunna nu parantos, nyalametkeun tina bahaya, prak ngangsrod lalaunan, dina dahan terus diuk, ngemut-ngemut lalampahan.
- Anjeunna nalian diri, ku beulitan areuy kuat, dina dahan anu gede, teu lila reup kulem tibra, anu nimateun pisan, ku leuseuh sinareng lesu, Sapoe teu eureun leumpang.
- Enjingna teh enjing-enjing, bray beunta katingal caang, barang jrut breh tembong bangke, bangke oray gede pisan, ngajepat ngabugigag, meh sagede tangkal kawung, kawung anu pangleutikna.
- Ku Raden dialak-ilik, bet dina lebah beuteungna, aya raheut panjang gede, kawas diturih asalna, ka galih ku anieunna, pangna eta oray mampus, waktu meulit salirana.
- Ku congo kujang kasisit, nu di cangking ku anjeunna, Raden teh ngembeng cipanon, ka gagas emut ka eyang, ka Sunan Abdulwafa, nu mere pusaka luhung, kujang combong nu dicandak.
- Ti dinya mah angkat deui, prak neraskeun perjalanan, kira wanci tengah poe, Raden parantos kaluar, ti leaweung geledegan, siga-Siga geus meh cunduk, geus deukeut ka pilemburan.
52