Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/60

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Ayeuna sadaya sujud, sumeja rek ngiring ngabdi, naon wae pangeresa, Rahaden anu miasih, ieu paman sadayana, seja tumut siang wengi.”
  2. Jaka Taruna mihatur, "Sukur geus babalik pikir, pikeun paman sarerea, sarta sumpah bela pati, ngan dina waktu ayeuna, kuring masih ngaligincing.
  3. Kalungguhan tacan gaduh, tacan jeneng mingpin nagri, atawa ngolah nagara, sugan ka hareup mah hasil, dicelukan ku nagara, insya Allah paman ngiring.”
  4. ”Saleresna saha atuh, jeung bade angkat ka mendi, Raden Paman hayang terang,” ceuk pamingpin rampog tadi, nu sejen tungkul nu aya, nawiskeun sumerah diri.
  5. "Kula ngaran nu kahatur, Jaka Taruna nu asli, ti Tegalwangi pan asal, ari maksud nu diungsi, rek jarah ka Batulayang, pamugi tiasa panggih.
  6. Rek jarah ka makam indung, nu nelah Dewi Manisri, jeung ka Eyang Sunan Dam pal, duanana geus lastari, lamun nurutkeun sajarah, bejana parantos lami.”
  7. Tingraringeuh rampog bingung, nguping kasauran tadi, ti Raden Jaka Taruna, pok si Jarot teh miwarti, upami kitu Raden mah, putra Sutawangsa asli.”
  8. "Bener Paman memang kitu,” waler Raden lir nu sedih, si Jarot reujeung baturna, cung-cong nyembah mikaasih, sarta ngomong babarengan, tingaresod narah tebih.
  9. Duh Raden Paman sumujud, sembah baktos tawis asih, sareng neda sih hampura, keur tadi geus kumawani, ngunghak nyampelak salira, ka diri Raden pribadi.”
  10. Raden Jaka pok mihatur, “Eh Paman ulah rek lali, henteu kedah make nyembah, da kula sanes pamingpin, henteu gaduh kalungguhan, saperti bapa sim kuring.
  11. Rahayat biasa nurut, sinareng paman ge sami, ari bakti ka Pangeran, ka Gusti Nu Mahasuci, ulah nyembah ka umatNa, pan ti Gusti henteu widi.”
56