Ieu kaca geus divalidasi
- Jalug jeung batur-baturna, ngarupingeun kasauran, Raden Jaka kitu peta, jiga nu handeueul pisan.
- Hanjakaleun Raden Jaka, teu cios ka Batulayang, pangharepanana buyar, ngan Den Jaka lir nu bungah.
- Lajeng deui sasauran, "Ulah leutik hate Paman, teu tulus ka Batulayang, mun kudu ayeuna miang.
- Ku lantaran geus ngarasa, ngabogaan kawajiban, pikeun ngabela nagara, lemah cai anu mulya.
- Perlu heula nyiar luang, pikeun bahan kakuatan, keur mulang ka Batulayang, dayeuh Ukur nu diteang.
- Paman geura jung marulang, wartoskeun ka Paman Cutak, kula sagancang-gancangna, rek datang ka Batulayang.
- Mun bekel parantos meunang, nu mangrupa kakuatan, geusan nulungan rahayat, anu keur kasangsaraan.
- Silih du’akeun salira, muga rahmat ti Pangeran, kaula rek ngalalana, ke amprok di Batulayang.
- Jalug jeung batur-baturna, jung narangtung babarengan, tingsolongkrong cungcong nyembah, sasalaman marunjungan.
- Raden Jaka lajeng angkat, ka jalan nu tadi tea tinggarupay pileuleuyan, nawiskeun wilujeng angkat.
- Teuneung ludeung Raden jengkar, sanggeus meunang katerangan, kajadian Batulayang, lemah cai karamatna.
61