Ieu kaca geus divalidasi
- sisi!, ulah wani ngahadang.”
- Tapi sora tinggorowok tadi, teu didangu anjeunna teu robah, di tengah jalanan ngantos, kareta nu rek cunduk, barang datang kareta tepi, jol di payuneunana, gajleng luncat nubruk, clak kuda nu panghareupna, ditunggangan bari jeung ngawatek aji, ajian pileumpeuhan.
- Kareta teh reg eureun teu robih, kudana ge brek kabeh darepa, di sisi jurang gurawes, jelema kabeh sukur, susurakan keprok sareuri, terus ngabrul daratang, teu eureun nu cunduk, kabeh nyampeurkeun kareta, panasaran saha nu geus kumawani, megat kareta lumpat.
- Ti kareta jrut lungsur nu geulis, antawisna aya Raden Demang, Ranggawuni anu anom, sakulawarga wungkul, mentas seba nembe marulih, ti karaton kamulyan, barang jut teh lungsur, Demang Ranggawuni tea, ti kareta larak-lirik ningal jalmi, anu nulungan tea.
- Geus katatang-koteteng milari, jung ka ditu ka dieu teu mendak, atuh Raden anu kasep, Jaka Taruna mungkur, geus ngorolos nyelendep leungit, pan di tengah abrulan, jelema ngagulung, rek lalajo kajadian, Raden Jaka anjeunna mah gasik mulih, ka panganjrekanana.
- Eta putra Demang Ranggawuni, nu pameget pangeran nu nelah, Rahaden Mas Ronggonoto, ti ramana teu jauh, lunggak-linggek bari miwarti, "Naha Ama wet teras, nyiar anu kitu, bade naon pamaksadan, nu kitu mah kawajiban rayat leutik, nyalametkeun pingpinan.”’
- Ceuk ramana, "Raden urang kungsi, kahutangan budi ku jelema, nu geus nulung urang kabeh, tina bancang pakewuh, disalametkeun tina balai, geus bisa megat kuda, anu lumpat kabur, saha pijalmaeunana, anu wani nundukkeun kuda ngabecir, atawa karanjingan.”
- "Ku emutan ama urang yakin, tong ngasorkeun teuing diri urang, kawajiban rayat kabeh, kudu jaga jeung nulung, kaslametan para pamingpin,” pisaur ti Raden Mas, Ronggonoto
64