Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/69

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    bengkung, nembongkeun yen aing gagah, henteu mandang ka rayat nu geus ngabakti, atawa nu nulungan.
  1. "Ulah boga pikiran ka gigir, kurang hade," pisaur ramana, "Pan geus wajib ka urang teh, supaya silih jungjung, silih hormat tur wedi asih, kudu silih hargaan, jeung tong pilih bulu, boh di cacah boh di menak, reujeung anu luhur handap pangkat sami, kudu silih ajenan.”
  2. Rahaden Mas Ronggonoto tadi, jeba-jebi mireng kasauran, ti ramana nu kitu teh, jung angkat kukulutus, "Mangga atuh bade tumampi, ama ari kitu mah, moal milu-milu, milari teras-terasan, matak susah mawa pusing ka sim kuring, bade wangsul ti heula.”
  3. ”Aeh Raden ulah kitu teuing, ulah pisan gancang-gancang nyerang, atawa jeung popolotot,” saur ramana imut, "Ku ama ge sidik kaharti, naon anu dimaksad, Raden matak bendu, turutkeun kahayang mama, mama keukeuh jeung jalmi teh hayang panggih, nu geus nulungan urang.”
  4. "Kilang kitu naha wani teuing, teterasan milarianana,” saur Den Mas Ronggonoto, beuki nambahan bendu, "Hayu atuh urang baralik, enggeus burit meueusan,” ceuk ramana bendu, rumahuh jeung humandeuar, ku ngemutkeun kahanjakalan teu uni, tina peta putrana.
  5. Geleyer teh ayeuna mah rintih, rineh pisan jalanna kareta, kuda lumpat anca alon, nu narunggang arimut, kagugueun emut nu tadi, namung anu saurang, teu weleh jamedud, kucap-kiceup ngabaeudan, reg kareta teu karaos jol di bumi, salamet geus daratang.
65