Ieu kaca geus divalidasi
KUDA KARATON
Magatru
- Raden Jaka sanajan dilembur batur, di Mataram anu tebih, teu kagungan sanak dulur, nanging ku lantaran ngarti, jeung masarakat gaul tembong.
- Ku kituna teu pinanggih jeung kabingung, atawa sinareng sulit, ngarandapan susah paur, hirup keur pagilinggisis, keur anjeunna henteu repot.
- Kaperluan sadidinten pangabutuh, tuang leueut paling penting, loba nu nyeluk nu nyaur, ngahaturan kersa sumping, ngadon tuang mekel ongkoh.
- Hiji mangsa anjeunna nuju di warung, nuju ngobrol suka seuri, jol kusir andong teh cunduk, ka dinya rek ngadon ngopi, nyerengeh diukna jongko.
- Manehna teh ngomongkeun kareta kabur, anu Demang Ranggawuni, ka baturna nu di warung, nu keur dahar jeung ngaropi, nu ngomong pada malencrong.
- Nuju rame ngobrolna Raden mihatur, nyelang nyarita nyeh seuri, "Kira-kira saha nu nulung, kareta nu lumpat tarik, bisa ditewak distop?”
66