Ieu kaca geus divalidasi
- ”Teuing atuh” ceuk kusir teh ”Ngan ku bingung, jeung heran ka eta jalmi, padahal lamun teu mungkur, meureun duit dipaparin, nulungan nu baris repot.”
- Raden Jaka Taruna mesem nyeh imut, teras sasauran deui, "Boa lebah henteu butuh, ku duit teh eta jalmi, harita geus gancang mios.”
- Pan eta mah kacida bodo balilu, di alam dunya mo panggih, ku duit anu teu butuh,” ceuk kusir andong jejebris, ka Raden nu tuang tonggoy.
- "Arek kitu arek kieu moal bingung, da ari jalmi mah sami, pada boga nu diemut, jeung kahayang sami-sami, nu uninga anging Alloh.
- Jadi urang bisa ngira-ngira wungkul, henteu nyaho anu pasti,” ceuk jalmi nu rada sepuh, nu diukna deukeut kusir, kusir andong anu nembrong.
- ”Bisa jadi eta teh jelema dusun, borangan kurang kawani, tara campur jeung pangagung, sanajan elmuna matih, urang kampung carang takol.”
- Ceuk jelema nu sejen nu milu nyambung, omongan kolot nu tadi, Den Jaka Taruna imut, sanajan ku matak nyeri, nu ngupat boh nu ngarobrol.
- Pok nyarios, "Bisa jadi anu dusun, urang Kampung anu sugih, bisa jadi memang kitu, ngan kira-kira ti kurang, ayeuna jiga can adoh.”
- Kusir andong unggat-anggut pok cumeluk; ”Padahal mun rada lami, manehna mun aya waktu, harita teh bisa jadi, diangkat keur tukang kebon.
- Tukang kebon tugas ngurus kuda husus, di Juragan Ranggawuni,” ”Har Pa Suryo naha kabur?” ceuk si jajaka nu tadi, udud menyan popolotot.
- ”Naha maneh can nyaho Pa Suryo ngantun, pan geus aya dua sasih,” ”Lamun urang hayang asup, geus bisa jadi ditampi, pikeun ngaganti Pa Suryo.”
67