Ieu kaca geus divalidasi
- disangkehna ku rahayat anu hina.
- Raden ulah gancang bedang, hal ieu anggap teu penting, anggap taya kajadian,” ceuk Den Demang Ranggawuni, putrana diweweling, "Moal rek dibere ampun, teras ka pangadilan, piraku make rek kasip, ku nu leutik anu geus euweuh hartina.
- Mun can digantung can puas, hukuman nu leuwih adil, ka jelema nu ngahina,” saur Ronggo rek nampiling, ka Den Jaka nu seuri, ngan dipegatan ku sepuh, ku ramana nu sabar, bari sasauran deui, "Raden sabar ulah ngagugu amarah.”
- Ronggonoto Rahaden Mas, tambih bendu nyangka leuwih, ka ramana yen geus mihak, ka Raden Jaka teu uni, ngagorowok ngajerit, "Ayeuna arek ditungtut, maju ka pangadilan, rek diadukeun ku aing, sina unggah kana balewatangan.”
Durma
- Sanggeus mireng putra kitu sasauran, Den Demang Ranggawuni, anjeunna sumerah, kajabat nyaluyuan, kapalay putrana tadi, ka pangadilan, rek ngadukeun kawani.
- Raden Demang Ranggawuni ewed manah, nu kudu jadi saksi, tinangtu engkena, ngalepatkeun putrana, Den Mas Ronggo anu bengis, anu geus maksa, kudu datang ka hakim.
- Rek ngabohong teu wantuneun da disumpah, make Qur’anul Karim, jeung lingsem gedena, teu nyepeng kaadilan, pamarentah kudu adil, alat nagara, diproses kudu sami.
- Ku antebna ngamanahan soal putra, di pangadilan ahir, anjeunna teu damang, dugikeun ka wapatna, memeh pupus kantos nulis, surat kawasa, pikeun ka Bapa Hakim.
- Raden Ayu Endang Widuri teu kirang, sesah pikeun pribadi, ngemutkeun Raden Mas, nya eta carogena, ka Raden Jaka nu bakti, nu geus nulungan, ka dirina pribadi.
- Caritana waktu sidang geus dibuka, seueur gegeden hadir, ngiring nyaraksian, rahayat oge rea, loba sora nu dibeuli, ku
72