Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/77

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    Den Mas Rangga, di payun jadi hiji.
  1. Di payuneun eta gedong pangadilan, tingcorowok teu cicing, "Gantung nu kitu mah, jelema nu ngahina, ka pangagung kumawani, kudu diganyang, jelema henteu eling.”
  2. Dina sidang Hakim nyumpah pirang-pirang, nu baris jadi saksi, anu nyaraksian, asup Den Ayu Endang, urang warung oge ngiring, Mamang Mardawa, disumpah jadi saksi.
  3. Ronggonoto ku Hakim der dipariksa, nu ngadakwa perkawis, "Raden Ronggonata, sebat dakwaanana, naon tea nu geus jadi, sabab ngadakwa, mangga bade dikuping.”
  4. Ronggonoto sasauran angkuh pisan, jeung edeg ieu aing, ku sabab ngarasa, wireh diri anjeunna, anu yakin baris kenging, dina perkara, pasti dibantu hakim.
  5. "Anu mulya Juragan Hakim kaula, ngadakwa hiji jalmi, katelah ngaranna, Raden Jaka Taruna, kumargi geus kumawani, make ngahina, ka pangagung pribadi.
  6. Laku lampah ngalanggar hukum agama, kasusilaan istri, Den Jaka Taruna, geus nyangkeh pamajikan, jigana mun teu kapanggih, ku rombongan mah, dibawa kabur indit.
  7. Disuhunkeun ditibanan ku hukuman, ka nu ngalanggar tadi, hal kasusilaan, jeung ngahina agama, dihukum nu beurat pasti, anu saimbang,” ceuk Den Ronggo ka hakim.
  8. Hakim ngetrok meja sidang ku lantaran, di luar tingsaruwit, tinggorowok bedas, "Gantung! ... Gantung! .. . Si Jaka,” ngaganggu sidang nu tartib, kabeh jelema, beulian Ronggo tadi.
  9. Hakim teras ngamajukeun patarosan, ayeuna sidik ganti, ka Jaka Taruna, ’Raden Jaka Taruna,” Na bener geus nyangkeh istri/garwa Den Rangga, Raden Ayu Widuri?”
  10. Waler Raden Jaka Taruna, ”Nu mulya, nu leres hakim nagri, henteu pisan-pisan, nyangkeh soteh wanoja, nu dibawa kabur tarik, ku hiji kuda, ditewak ku sim kuring.”
  11. Saur Hakim, "Naha teu nyaho wanoja, anu disangkeh tadi, garwa Raden Rangga,” ”Henteu,” sanggem Den Jaka, ceuk
73