Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/78

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    Hakim "Na eta istri, nu disangkehna, teu sina turun indit?”
  1. Ceuk Den Jaka, ”Ti kawitna eta kuda, dieureunkeun sim kuring, istri kapiuhan, "Hakim ”Kedengkeun heula,” ceuk Den Jaka, Kuda tarik, amuk-amukan hawatir bok kairik.”
  2. Saur Hakim ”Leupaskeun wae kudana, bisa si eta istri, golerkeun di tempat, di tempat anu aman, supaya elingeun deui, supaya hudang, ka urang moal pusing.”
  3. Ceuk Den Jaka, ”Upama kuda dikandar, korban bok nambih deui, di sakurilingna, sabab loba jelema nu liwat pagiling-gisik, nu marantuan, oge henteu saeutik.”
  4. Saur Hakim, ”Cukup sakitu ditampa,” prak hakim nyaur saksi, saksi kahijina, harita anu datang Den Ayu Endang Widuri, "Coba nyarita, kajadian kawarti.”
  5. Terus terang tong aya nu dikilungan, ti awal tug ka ahir,” Raden Ayu Endang, deregdeg sasauran, tatag teu didingding kelir, hal kajadian, dipungkas imut manis.
  6. "Henteu terang geus aya anu nulungan, parantos henteu eling, emut sabadana, Kang Mas Ronggo geus datang, pun Bapa ponggawa sami, jeung nu sejenna harita geus sarumping.”
  7. Saur Hakim, "Kuma eta nu nulungan, aya tanda teu uni? Arek mawa lumpat, atawa ngan nulungan, terangkeun ulah rek mungkir, supaya hampang, pikeun anjeun pribadi.”
  8. Raden Ayu Endang Widuri ngajawab, ”Ku emutan sim kuring, mung bade nulungan, nyalametkeun sad kula,” "Cing terangkeun!” sanggem hakim, "Kuma tandana? moal rek mawa ngacir?”
  9. Raden Ayu Endang Widuri nyarita, ’Upami niat ngacir, oge mawa lumpat, nuju kapiuhan, kuda dileupaskeun ngacir, belenyeng lumpat, nu nyusul moal panggih.”
  10. Sanggem Hakim, ’’Tadi saur Raden Rangga, geuning disangkeh aktif, ku anu nulungan,” sanggem Den Ayu Endang, "Sumuhun da mun sim kuring, diantep ragrag, tiasa pegat pati.
74