Ieu kaca geus divalidasi
RADEN JAKA TARUNA DIDAMEL
Mijil
- Kangjeng Sultan Mataram pribadi, bada mireng wartos, kajadian kuda karaton teh, mantenna teh panasaran teuing, palayeun ningali, jalmi nu dimaksud.
- Lajeng wae miwarangan indit, ngajurungan mios, kapetengan sina nyeluk Raden, Raden Jaka Taruna sing panggih, sarta candak gasik, ka dieu ka luhur.
- Atuh Raden Taruna teh seuri, geus mobok gorowong, keur ngemutkeun pilampaheun kabeh, sangkan bisa ngadeuheus pribadi, nya ka Sri Narpati, Panembahan Agung.
- Teu ngengkekeun deui terus indit, harita jung mios, diiringkeun kapetengan wae, Kangjeng Sultan teu acan tingali, ka Den Jaka tadi, margi tacan tepung.
- Ku ningali tindak-tanduk asli, anu geus kawartos, tatakrama anu beres roes, mantenna teh parantos kataji, prak mariksa nami, reujeung saha sepuh?
- ”Dawuh Gusti pun Taruna nami, tur Jaka kawartos,” saur Raden Jaka Taruna teh, dawuh Sultan, "Jiga ti nu tebih reujeung, lembur matuh?”
77