Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/85

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    diangkat kana tamtama, keur pangawal karajaan anu resmi, Mardawa tembong bungah.
  1. Kacaturkeun dina hiji wanci, Raden Wira Tanu anu gandang, jeung Den Wira Saba kasep, ka Mataram carunduk, di dinya mah nembe papanggih, jeung Den Jaka Taruna, atuh na patepung, silih rangkul silih angkat, tur rambisak ku sono timbulna sedih, emut alam ka tukang.
  2. Raden Wira Tanu henteu lami, jeung Den Wira Saba teh laporan, ka Kangjeng Sultan ka jero, Kangjeng Sultan ngadawuh, dina minggu nu baris dugi, bade ngayakeun Seba, macangkrama kumpul, ngabadamikeun tatahar, keur ngajorag ngarurug kaom Kumpeni, anu di Jayakarta.
  3. Kakoncara waktu Seba tadi, geus karempel pangagung sadaya, ponggawa kabeh katembong, sa-Mataram carunduk, sadayana hempak ngabaris, ngantosan Kangjeng Sultan, anu bade rawuh, Den Mas Ronggonoto aya, kitu deui Den Taruna-Tanu sami, oge Den Wira Saba.
  4. Henteu lami Kangjeng Sultan sumping, kempelan teh ngawitan dibuka, Kangjeng Sultan cumarios, "Assalamu ‘alaikum, jeung ngucapkeun sakabeh puji, kagungan Gusti Allah, jeung para pangagung, para sesepah Panglima, Senopati jeung para panggawa sami, ti Mataram sadaya.
  5. Dina seba na wanci kiwari, didamikeun ukur saperkara, perkara nu paling gede, Jayakarta der rurug, ceuk laporan ti juru telik, musuh di Jayakarta, loba teu kaitung, beuki nambah kakuatan, wewengkonna ngalegaan beuki nambih, kuat bentenganana.
  6. Pakarangna lengkep cukup mahi, baladna ge geus beuki nambahan, serdadu bayaran tembong, urang rek ngarurug, pikeun urang teu kudu gimir, tetela urang boga, balad dua tilu, tilu tikeleun ti eta, nyokot paham pangalaman Tegalwangi, luang nu panghadena.
  7. Ku prajurit nu loba tur kumplit, pan musuh teh henteu burung musna, nu kudu jadi pikir teh, ayeuna kudu ma’lum, ku ngingetkeun urang teh tebih, anggang ka Jayakarta, dina urang
81