Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/89

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    pangbeuratna, taya deui pikeun ieu nu kapilih, lintang hidep sorangan.
  1. Kula yakin hidep rek prihatin, rek satia ngajalankeun tugas, nu tuhu toat jeung hade, kasadaya nu kumpul, heug dipenta kabeh ngalarti, nyumponan kana tugas, ikhlas manah jujur, sarta nyaah ka nagara, tah sakitu paneda ti diri kuring,” seba teh teras bubar.

Juru Demung

  1. Raden Wira Tanu gandang, Raden Wira Saba kitu, duanana sami, jeung Raden Wira Taruna, ka bumina jung warangsul.
  2. Geus marulih ka bumina, Raden Wangsa nu dituju, tiluan ge sami, pada ngarasa sugema, ku diangkat .ku Pangagung.
  3. Bupati sareng panglima, henteu kendat muji sukur ka Nu Mahasuci, ngan kasugemaanana, dibarengan jeung kabingung.
  4. Ku lantaran tacan lila, nembe saminggu ngariung kudu misah deui, sabab saur Kangjeng Sultan, kudu gancang ka Cianjur.
  5. Reujeung deui kedah gancang, ka Kandang Wesi geura jung, sareng gasik indit, pan dina riungan eta, Mang Mardawa teu kakantun.
  6. Manehna bungaheun pisan, Den Wangsa Taruna manggung, boh geus gede milik, kenging nugraha nagara, pan ti Kangjeng Sultan Agung.
  7. Enjingna Den Wira Saba, sareng Raden Wira Tanu, angkat sami-sami, ngadeuheusan Kangjeng Sultan, maksud bade pamit mundur.
  8. Sasumpingna Kangjeng Sultan, ngahiap-hiap cumeluk, turta geus kagalih, maksad jeung dawuhanana, Adipati geus carunduk.
  9. Marek Raden Wira Saba, sareng Raden Wira Tanu, payuneun Narpati, di payuneun Kangjeng Sultan, maksadna permios mungkur.
85