Ieu kaca geus divalidasi
KEBO MULIH PAKANDANGAN
Asmarandana
- Den Wangsa Taruna bersih, dina damel anu enggal, anjeunna teges kaanggo, pinuh ku puji dunungan, boh ku pangaulaan, nya kitu deui pangagung, ku prajurit jeung bawahan.
- Komo deui Sri Narpati, Sultan teh nyaaheun pisan, taya papadana wae, meh geus tamplok kanyaahna, sinareng kakasihna, kumaha henteu rek kitu, da estuning Raden Wangsa.
- Teu aya pisan kalali, sareng kapetolanana, nu jadi damel penting teh, dina jero tilu wulan, tatahar bade perang, Jayakarta najan jauh, geus rengse kantun der nyerang.
- Hiji mangsa Sri Narpati, Kangjeng Sultan ti Mataram, nampi laporan nu maot, Bupati Tuban perlaya, atawa tilar dunya, mantenna ngamanah terus, pikeun pigentoseunana.
- Gentosna anu kagalih, iwal Den Wangsa Taruna, ti dinya Kangjeng Sultan teh, miwarangan kapetengan, nyaur Wangsa Taruna, teu lami kairing cunduk, disarengan kapetengan.
- “He ka dieu Adipati!" pidawuhna Kangjeng Sultan, ngengsrod sinareng ngagepor, Rahaden Wangsa Taruna, gek calik cedok nyembah, mendeko calikna tungkul, ngantos pangandika Sultan.
87