Ieu kaca geus divalidasi
- "Wangsa Taruna tingali," pidawuhna Kangjeng Sultan, "Kaula kacida atoh, bungah ngarasa sugema, hidep teh geus kapandang, bisa digawe tur jujur, hese nyiar keur bandingna.
- Bareto basa mimiti, kula harita nyarita, keur saheulaan wae, lantaran ngingetkeun awak, boga waris Banyumas, ngan geus dieusi ku batur, ku bupati nu sejenna.
- Saenyana eta wakil, sabab nu ngabogaan hak, hidep masih leutik keneh, tapi ku sabab geus lila, aya puluh taunna, jeung hidep euweuh di ditu, henteu aya di Banyumas.
- Jadi ayeuna geus heurin, hese keur hidep di dinya, ku sabab eta sing daek, hidep ditempatkeunana, di Kabupaten Tuban, kumaha hidep teh sanggup? Sukur pisan mun narima."
- "Nun sumuhun Dawuh Gusti," saur Den Wangsa Taruna, "Sembah sewu nuhun sae, nampa kawijaksanaan, di Kabupaten Tuban, mung sanes pisan teu tumut, kana nugraha nagara.
- Mung parantos nampi wangsit, abdi Gusti ti pun Bapa, sabada kumereb rengse, ti Dampal Gusti ayeuna, nya kedah wangsul heula, ka ditu ka tanah Ukur, atawa ka Jawa Barat.
- Kumargi kitu salami, abdi Gusti katarima, ku Dampal Gusti kaanggo, sae wae di Mataram, upama hiji mangsa, Dampal Gusti geus ngajurung, ka Ukur sumeja miang."
- Kangjeng Sultan hemeng galih, ngadangu kana waleran, Raden Wangsa Taruna teh, jalaran henteu ka manah, bakal kitu walerna, barang parantos kaemut, kuma pisaeunana.
- Mantenna ngadawuh deui, "Kaula teu bisa maksa, lamun hidep rek kitu teh, ngan kula ngarasa salah, mun hidep henteu nempat, henteu benum buru-buru jadi Bupati Wilayah.
- Tapi lain henteu nampi, kacicingan ku andika, malah sabalikna atoh, keur kapentingan sorangan, ngan keur hidep mah beurat, moal buru-buru maju, moal aya kamajengan.
- Tapi kaula ge ngadpis, kana sikep hidep eta, ngingetkeun wangsit ti kolot, kieu wae ayeuna mah, hidep anu diangkat, kana Bupati di Ukur, nu ayeuna sina pindah.
88