Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/94

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Heung wae lamun geus gilig, meureun kudu kawidian, atawa kudu permios, ka Kangjeng Sultan Mataram, engke urang unjukan, ngadeuheusan ka Pangagung,” saur Den Wangsa Taruna.
  2. ”Ah pikeun diri sim kuring, kumaha wae Raden Mas, ka Kangjeng Sultan nu mios, da kuring mah bade maksa, widi teu widi mangkat", "Nya ari geus sidik kitu, sukur saur Den Taruna.

Dangdanggula

  1. Tilu dinten geus aya pamanggil, boh panyaur nya ti Kangjeng Sultan, Raden Wangsa Taruna teh, ka karaton geus mungkur, Mang Mardawa harita ngiring, barang anjeunna datang, ka karaton cunduk, rada hemeng rada reuwas, ku jalaran Kangjeng Sultan tacan linggih, henteu acan katingal.
  2. Raden Wangsa Taruna gek calik, sarta para pangagung katingal, semu baringaheun kabeh, Wangsa Taruna cunduk, Kangjeng Sultan teu lami sumping, gek linggih sasauran, ”Ka dieu ka payun, Adipati anu enggal, nu can lami nembean pisan dilantik,” ka Den Wangsa Taruna.
  3. Raden Wangsa Taruna gek calik, di beh payun misah ti nu lian, Kangjeng Sultan cumarios, uluk salam ti payun, sarta muji ka Mahasuci, kaagungan Pangeran, ka para pangagung, senopati jeung ponggawa, sareng para sesepuh anu haladir, dina ieu gempungan.
  4. "Kaula teh neda disakseni, poe ieu netepkeun kaula, Dipati Wira Wangsa teh, manehna geus dibenum, geus diangkat jadi bupati, di Ukur keur tempatna, Dipati ti payun, Adipati Sutapura, dipindahkeun ka Tuban tetep bupati, supaya gancang pindah.
  5. Perlu pisan pikeun katingali, riwayatna Adipati Wira, Wira Wangsa Taruna teh, dilahirkeun kapungkur, Batulayang geusan ngajadi, anu jadi ramana, Dipati almarhum, Adipati Sutawangsa, bupati di Banyumas nu geus lastari, dina taun harita.
90