Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/95

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Bupati teh ti Banyumas tadi, Adipati Raden Suta Wangsa, dina waktos nilarna teh, Wangsa Taruna umut, dina umur da tujuh warsih, bupati diwarnenan, samantara waktu, Wangsa Taruna anu hak, di Banyumas nu kudu jadi bupati, engke lamun sawawa.
  2. Ku lantaran masih murangkalih, prak dibawa di asuh akina, Sunan Dulwafa nu sohor, ku anjeunna diwawa, wangsa sidik tuhu, nurutkeun wangsit. sepuhna, ka Mataram ka Sultan kudu ngabakti, jeung ulun kumawula.
  3. Tah ayeuna diangkat bupati, Kabupaten Ukur di Pasundan, minangka keur gantina teh, Banyumas nu ti payun, keur Wangsa teh jadi hak waris, gawena di Mataram, anu geus diurus, sasadiaan keur perang, Jayakarta katembongna geus tarapti, Ronggonoto nu nampa.
  4. Nya ayeuna kaula miwarti, ka Dipati Den Wangsa Taruna, ti ngawitan ayeuna teh, hidep sidik dibenum, keur di Ukur jadi Bupati, waris hidep sarua, salila sumujud, babarengan jeung Mataram, teu kuciwa hade gawe pinter mikir, nyugemakeun dunungan.
  5. Geus kapake sarta dipiasih, ku pangagung reujeung ku bawahan, ku kituna kaula teh, banget ngarasa sukur, ku hidep teh geus hutang budi, kabersihan andika, nu jadi pangaruh, nyebabkeun kaprihatinan, nu ahirna temen wekel katingali, nu mawa kamajuan.
  6. Sagala hal anu nyieun nyeri, ka hidep teh najan teu nyarita, tapi kaula geus nyaho, naon sababna ngantun, Banyumas teh dikantun indit, ku hate anu ikhlas, nu beresih jujur, hal ieu teu matak heran, teu dipikir ku hidep diri pribadi, atawa ku sorangan.
  7. Ayeuna-mah hidep aya milik, balik deui ka nagara asal, kula ngadu’akeun wae, sing bisa ngurus nungtun, balarea rahayat leutik, tur tembongkeun kanyaah, supaya katurut, muga-muga Gusti Allah, maparinkeun berkahna ka nu keur mingpin, ka urang sarerea.”
  8. Raden Wangsa Taruna miwarti, "Nun Sumuhun Gusti
91