Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/96

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    Panembahan, anu mulya nu sinegleng, miwah kabeh sesepuh, jeung pangagung nu sami linggih, abdi Gusti narima, nugraha pangagung, ku jembar manah geus ngangkat, abdi Gusti di Ukur jadi bupati, di wewengkon Pasundan.
  1. Abdi Gusti kumereb nya ngiring, pan ka Dampal Gusti anu mulya, sanes pisan anu bade, ngudag pangkat nu luhur, mung rek tumut wasiat suci, wasiat nu ti sepah, atawa karuhun, milu ulun kumawula, di Mataram ngabakti ka Sri Narpati, ka Sultan Panembahan.
  2. Ayeuna teh sidik abdi Gusti, geus dileler hiji kalungguhan, kedah ngasta kabupaten, di Kabupaten Ukur, lintang sembah jeung pangabakti, nuhun kapercantenan, anu ti pangagung, abdi Gusti muga-muga, rek tiasa ngajalankeun tugas suci, aya rido Pangeran.
  3. Di Mataram pikeun abdi Gusti, seueur pisan di kalelepatan, mugia Dampal Gusti teh, miwah para sesepuh, tur pangagung nu sami linggih, keresa ngahampura, enjing bade mungkur, ka Ukur teu aya lian, hibar du'a Dampal Gusti Sri Narpati, ti payun nu kateda.
  4. Umumna mah ti pangagung sami, muga Dampal Gusti sadayana, jeung para pangagung keneh, anu aya di payun, sadayana nu sami linggih, pamuga salamina, Rahmat Gusti anu murah welas asih, tumetep nangtayungan.
  5. Geus Den Wangsa Taruna miwarti, enggal nyungkem da ka Kangjeng Sultan, terus sepuh ge diparet, terusna ka pangagung, salajengna ponggawa sami, ting harempoy nepangan, ka Raden carunduk, narembongkeun kabingahan, jigana mah nu teu bungah katingali, Raden Mas Ronggonata.
  6. Henteu lami jung bubar marulih, Raden Wangsa Taruna medekan, ka Kangjeng Sultan nyarios, Mardawa bade milu, pan ka Ukur rek neda widi, Kangjeng Sultan narima, Mardawa ge terus, teras nyungkem ka Sri Sultan, tur saurna, "He Mardawa pek rek ngiring, didu'akeun ku kula."
  7. Raden Wangsa Taruna diiring, ku Mardawa mulih ka
92