Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/97

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    bumina, sontenna teh mani rajol, datang para pangagung, kitu deui ponggawa mantri, sareng anu sanesna, jul-jol brul carunduk, narembongkeun kabungahan, rek paturay jeung nu bade angkat tebih ka Ukur nu diseja.
  1. Isukna teh wanci enjing-enjing, Raden Wangsa Taruna-Mardawa, ka karaton jung marios, bade pamit panungtung, sareng Sultan pan Sri Narpati, teu lami teras angkat, kocap nu dijug-jug, kacutakan Batulayang, teu kacatur di jalanna geus tarepi, geus datang ka Priangan.
  2. Nu dibujeng atawa diungsi, kapi rama nu di Batulayang, Tumenggung Wangsanata teh, Kapala Cutak manggung, geus kacipta anu pinasti, kuma barang gok tepang, rama putra tepung, nya kitu deui garwana, pan barang geus rada lami pok miwarti, Tumenggung Wangsanata.
  3. "Raden Emang pan geus lami nganti, eta wae ti barang jol beja, ti prajurit nu ngarampog, anu basa kapungkur", "Emang bibi hapunten abdi, rehna na waktos eta, teu terus ngajugjug, ka dieu sabab emutan, datangna teh pedah keur diri pribadi, can gaduh kakiatan.
  4. Pan abdi teh ka Mataram indit, rek milari pangalaman heula, jeung tumut ka sauran teh, ti pun Bapa almarhum, keur anjeunna bade lastari, lamun enggeus sawawa, dewasa lir batur, kudu ulun kumawula, ka Mataram ngabakti ka Sri Narpati, keur nyiar pangalaman.
  5. Ayeuna mah pikeun diri abdi, geus ngabantun hiji kakiatan, pan ti Kangjeng Sultan kanggo, ngarengsekeun rurusuh, pacengkadan sareng bupati, Bupati Ukur tea", "Sukur Raden sukur, memang eta didagoan, ku emang teh jeung na nyandak surat resmi?" saur Den Wangsa Nata.
  6. "Nya kantenan!" ceuk Den Wangsa seuri, bari teras dibikeun seratna, unggelna eta surat teh, wireh Bupati Ukur, Sutapura supaya ngalih, jadi Bupati Tuban, nu ngagentos cunduk, Adipati Wira Wangsa, jeung Tumenggung Wangsa Nata jadi Patih, di Ukur ayeuna mah.
93