Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nonoman Terah Pasundan.pdf/98

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Batulayang tetep henteu robih, pan ka Ukur sapërti ayeuna, jeung kapala cutak wae, di dinya anu ngurus, barang tamat maos nu tadi, Tumenggung Wangsa Nata, katingalna sukur, lajeng wae sasauran, "Wijaksana Kangjeng Sultan nu kiwari, ka bupati kumaha?"
  2. "Sami wae!" ceuk Den Wira seuri, "Jeung tumaros na naon sababna, Bupati Ukur nyorobot, Batulayang direbut, jeung ngamusuh emang pribadi", "Aduh ieu asalna," pisaur Tumenggung, Bupati Ukur ngalamar, anak emang Saribanon kudu kenging, Saribanon teh nolak.
  3. Ku lantaran atuh henteu sudi, ngan dijieun deudeul pondok doang, atawa ngan tihang cabol, reujeung palupuh nangtung, jadi lurah budaya rungsing", "Sajabina ti eta, manawi dipundut," saur Den Wangsa Taruna, bari seuri hayang gasak- gasik nguping, naon deui mundutna."
  4. "Leres aya," ceuk Tumenggung seuri, "Emang kudu ngabebaskeun rayat, tina pajeg nu liar teh, jeung rodi oge kitu, pirang balen utusan sumping, rek nyokot pajeg liar, emang teu satuju, Batulayang der dijorag, henteu kiat nahan serangan bupati, Batulayang dijajah."
  5. Tumenggung teh sasauran deui, bari meureup ba kating benduna, "Kuma emang ayeuna teh, Batulayang kaasup, pan ka Ukur sidik nu bukti," ceuk Den Wangsa Taruna, "Ah parantos cukup, asal pikeun kamajuan, keur rahayat sangkan gasik sugih mukti, jeung aya kaadilan.
  6. "Saha engke anu ganti mingpin, pikeun cutak pan di Batulayang", "Wangsapraja alo keneh, alo emang can jauh, putra raka ibu pribadi", "Kumaha sikepna Mang?" ceuk Den Wangsa imut, "Moal beda ti pun emang, emang oge da geus kahutangan budi, keur riributan tea."
  7. Mang Mardawa sajeroning tadi, Raden Wangsa Taruna nyarita, sareng kapiramana teh, tungkul wae di pungkur, di pungkureun Den Wangsa tadi, bungkem henteu nyarita, tibang anggat-unggut, katingal ku garwa cutak, "Ieu saha nembe katingal
94