Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/100

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Gancang bae diwalon ku abdi, duh juragan eta nuhun pisan, ka abdi teh mihawatos, amung tacan kaemut, waktos ieu bojoan deui, duka mun kapayunna, pareng deui gaduh, sasauran carogena, ”Yaktos pisan kedah enggal bae Ayi, kagungan deui garwa”,

Caritaan dipengkolkeun deui, kana maksud arek hajat tea, teras baradami bae, dongkap ka tabuh satu, cek pribumi wireh geus wengi, Ayi tangtu geus palay, carios ditutup, urang teruskeun isukan, ti dinya mah tuluy bae abdi pamit, wangsul sareng si Ujang.

Enjing-enjing abdi mios deui, harita mah nyampak seueur semah, kumpul sasaderek-derek, rame anu cacatur, pada ngatur sangkanna rapih, ngajaga paomongan, panggeungeureuh batur, sabab nu geus kajadian, rupa-rupa paomongan nu kakuping, panyawad ka nu hajat.

Harita teh ku Juragan Haji, ditetepkeun sacabak-cabakna, dina unggal bagian teh, supaya teu paseluk, kawajiban sahiji-hiji, dina unggal golongan, jalmana nu ngurus, dicirian beda-beda, kapalana baladna pon kitu deui, ulah susah neangan,

Barang abdi pamit arek balik, ku pribumi ditahan kacida, pokna masih sono keneh, abdi keukeuh miunjuk, neda idin maksa rek balik, hayang geura unjukan, ka sadaya sepuh-sepuh, pribumi enggal ngidinan, saurna teh ”Mugi Ayi ulah lali, ti ditu kudu angkat.

Ibu-rama sareng wargi-wargi, kedah dina kaping tiluwelas, bada hajat Mulud bae, sakitu nya panuhun, muga ulah rek lepat deui,” walon abdi sumangga, tuluy abdi wangsul, Haji Saleh enggeus tamat, Haji Yusup jeung Nyi Haji suka seuri, ngalahir ka putrana.

KINANTI

”Tah ayeuna da geus tangtu, ama bungah liwat saking, sabab ayeuna si Ujang, geus puguh waktuna kawin, dina tanggal

84