genepwelas, bulan hareup poe Kemis,
Ayeuna kari nunuhun, rahmat Gusti Maha Suci, muga-muga aya kadar, ama ibu jeung Ki Haji, pada bisa narungkulan, dina waktu Ujang kawin.
Urang teh ngarasa untung, moal melang moal risi najan si Ujang sorangan, ngumbara di Sukabumi, aya anu mikanyaah, tur jelema anu sugih,”
Terus ngomong Haji Yusup, bari nenjo ka Nyi Haji, "Ayeuna pamenta akang, Nyi Haji gancang cacawis, eukeur pibekeleun urang, sapanjang di Sukabumi.,”
Gancangkeun anu dicatur, isuk deui-sore deui, bulan Mulud enggeus tanggal, kocapkeun di Sukabumi, di nu arek kariyaan, sagala enggeus sayagi.
Kawantu jelema cukup, rea harta cukup_harti, sagala karep laksana, sapaneja tangtu bukti, meh sakabeh jalma terang, sanagara Sukabumi.
Yen Juragan Haji Mamur,ayeuna teh enggeus sidik, anjeunna rek kariyaan, rongkahna leuwih timisti, pantes wantu jalma beunghar, tur putrana ngan sahiji.
Bumina enggeus diatur, dipapaes langkung resmi, ngembat balandonganana, ngajegir sapanjang bumi, rapih mapaesanana, wantu nu ngaturna rajin.
Enggeus cunduk kana waktu, nepi ka poe nu pasti, ger ngaleunggeuh raramean, jalma mani heurin usik, nu sami pada diondang, istri pameget sarumping.
Ramena henteu kacatur, henteu katepi ku tulis, wantu kariyaan rongkah, tilu poe-tilu peuting, ngageder taya eureunna, karasmenan ganti-ganti.
Nu nongton mangrebu-rebu, henteu bosen beurang-peuting, ondangan taya nu aral, wireh pangangken pribumi, taya pisan kakurangan, tambah berekat utami.
Langkung bungah Haji Mamur, istrina pon kitu deui, manah-