Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/102

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

na ngarasa tibra, wireh samaksudna jadi, beak Panasaranana, rugina raos kabeuli.

Katutup ku saur alus, kapinuhan ku pamujji, ear jalma nu nyarita, saumur kakara manggih, kariyaan nu santosa, cara di pangkat Bupati.

Estu sagalana cukup, raramean anu leuwih, nya kitu deui hajatna, leuwih ti ngaran utami, lamun meuli berekatna, saringgit mo nawar deui.

Raramean enggeus tutup, tatamu sami marulih, ondangan enggeus barudal, kantun tatamu nu tebih, besan nu masih ditahan, teu acan idin marulih.

Enya eta Haji Yusup, pameget sinareng istri, Haji Saleh katiluna, wireh panuhun pribumi, ngaraos tacan sampurna, pangangken tacan peryogi.

Hayang kumpul ngarariung, jeung besan pameget-istri, tuang leueut sasarengan, sarehna geus jadi wargi, marga kacangcang ku putra, nu nembe anyaran kawin.

Bada Isa keur karumpul, tatamu sareng pribumi, tas tuang balakecrakan, nu diwangkong taya deui, nyaturkeun perkara hajat, samaksad enggeus lastari.

Alon ngomong Haji Mamur, ”Akang banget ngangres ati, waktu barudak daratang, disawer mentas ti masjid, geuning Ayi mah harita, katenjo ku akang nangis.

Akang aceuk ge pon kitu, bet ngarasa suka sedih, kayungyun ningal barudak, dikadar bisa rarabi, cipanon henteu karasa, mehmehan ngahiung ceurik.

Di lebah Ayi mah tangtu, akang teu ngabibisani, katambah emut ka garwa, kacipta sok tada teuing, upami panjang yuswana, ningali putra rarabi,”

Pok ngomong Nyi Haji Yusup, bari ningal ka pribumi, ”Ari emutan ibi mah, Ki Haji Saleh pangceurik, lain inget ka bojona, nu maot di tanah suci.

86