Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/103

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Tangtu manehna teh emut, ka bojona nu mimiti, nya eta indung si Ujang, ari margina teh leungit, duka di mana ayana, diubek henteu kapanggih.

Ki Haji waktu kapungkur, keur nuju manehna kuli, ngumbara di Tanjung Karang, nalika waktuna indit, bojona keur kakandungan, nembe umur genep sasih.

Did dituna lima tahun, barangna manehna balik, bojona teh geus teu aya." Haji Mamur ret ningali, mencrong semu anu reuwas ka Haji Saleh ngalahir,

”Akang teh mani ngaranjug, bieu saur Embi Haji, kapungkur Ayi ngumbara, di Tanjung Karang nya linggih, dina taun sabaraha, sareng naon damel Ayi.”

Haji Saleh pok ngawangsul, "Kapungkur abdi teh kuli, waktos nyieun palabuhan, keur balabuh kapal-api, nepungkeun Lampung jeung Anyar, taunna mah hilap deui.

Malah kenging lima taun, abdi di ditu nya kuli, dupi abdi ngadunungan, tetep henteu ganti-ganti, ka anemer Mas Wiria, damel kana jurutulis.”

Kojengkang Mas Haji Mamur, ngarontok bari ngalahir, "Masa Allah henteu nyana, jeung akang papangeih deui, Wiria teh ieuh akang, naha ayi prantos lali.”

Haji Saleh ngarumpuyuk, ngawalonan lengas-lengis, "Ya Allah kutan juragan, jeung abdi patepang deui, estu henteu nyana pisan, bet tiasa tepang deui.”

Ngomong deui Haji Mamur, "Pantes urang pada pangling, Margina pisah geus lawas, limawelas taun leuwih, katambah urang ayeuna, geus pada jaradi haji.

Horeng kersa Maha Agung, estu matak helok teuing, jalan pikeun diri urang, supaya papanggih deui, bet dikadar jadi besan, nuhun ka Rabulalamin.

Gusti anu Maha Agung, anu sipat Rahman Rahim, reh Gamparan geus ngaganiar, ka abdi sareng pun adi, nu teu sangka bisa tepang, ayeuna paamprok deui.”

87