Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/104

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ngareret ka Haji Yusup, ”Mama ieu teh Ki Haji, kapungkur teh sareng putra, di Telukbetung karuli, alo jadi anemerna, putra jadi jurutulis.”

Ngawalonan Haji Yusup, bari istigpar jeung dikir, ”Masa Allah henteu nyana, kutan ieu teh Ki Haji, geus nyarengan ka juragan, sasat parantos ngahiji.”

Cek Haji Mamur ”Sumuhun, kitu kersa Maha Suci, alo sareng tuang putra, kudu tetep jadi hiji, buktina ayeuna pisan, anak anu jadi kawit.

Dikadarkeun bisa tepung, putu jodo ka si Nyai, horeng ieu teh lantaran, alo jeung ieu Ki Haji, kudu terus duduluran, saperti waktu keur kuli.

Alo teh waktos ka pungkur, enggeus jangji jeung Ki Haji, tina geus teu asa-asa, ngaku dulur lahir-batin, lara bagja sasarengan, sapapait samamanis.”

ASMARANDANA

Sadayana eusi bumi, sumawonna panganten mah, ti pangkeng ti pawon rajol, kaget nguping nu nyarita, dibarung jeung istigpar, di tengah bumi ngariung, pada harayangeun terang.

Haji Mamur ret ningali, ka mantu pok sasauran. "Abah teh leuwih nya kaget, dina hal ieu amana, bareto reujeung abah, leuwih kana lima taun, karuli di Tanjung Karang.

Ayeuna papanggih deui, turug-turug jadi besan, anu matak leuwih kaget, teu nyana kabina-bina, paingan atuh abah, ka maneh ti barang tepung, estu henteu asa-asa.

Asa ka anak pribadi, baheula ge ka amana, asa reujeung dulur bae, henteu asa henteu jiga, estu layeut kacida, silih jaga silih tulung, wantu di pangumbaraan,”

”Abdi bingah taya tanding,” kitu walon minantuna, ”nuhun ka Gusti Yang Manon, wirehing salira abah, tepang sareng pun

88