Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/105

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bapa, ku kersana Maha Agung, duduluran ulah pegat.”

Sadayana nu caralik, ngucapkeun Alhamdulillah, sareng mugi-mugi bae, ti wangkid wengi ayeuna, tetep ulah rek pegat, lulus runtut jadi dulur, rereongan ngaping putra.

Ti dinya ger rame seuri, tawis pada suka bungah, sarta recok pada ngomong, Haji Mamur teras nanya, ka Haji Saleh tea, "Ayi teh geuning kapungkur, waktu permisi ka akang.”

Saur ayi pang rek mulih, reh parantos kalamian, hayang tepang jeung saderek, ku margi ibu-rama mah, ceuk ayi geus teu aya, jeung geuning jangji ka pungkur, lamina bade sabulan.

Akang heran liwat saking, barang sanggeus opat bulan, ayi teh bet ambleng bae, taya serat-serat acan, hate beuki salempang, tuluy akang teh ngajurung, hiji jalma nu nyusulan,

Antara satengah sasih, jurungan teh enggeus datang, basana nepi ka weleh, diilari teu kapendak, henteu aya nu terang, ceuk lurahna ge nya kitu, henteu aya ngaran eta.

Jalma anu indit kuli, ngaranna Surawinata, ”ngajawab Mas Haji Saleh, ”Geus tangtos moal kapendak, sinareng moal aya, margi eta ngaran palsu, abdi nyieun ngaran anyar.

Lemburna pon kitu deui, ngaran lembur anu lian, estuning abdi teh bohong, tina sanget kabingungan, teu weleh risi rempan, najan abdi maksa wangsul, hate asa nyorang burang.

Ari anu jadi margi, pang abdi ninggalkeun imah, yaktosna abdi ngaleos, kabur sakalunta-lunta, wireh mendak wiwirang, ku pulisi ditaruduh, campur, perkara ngabongkar.”

Sadayana anu nguping, sumawonna pribumi mah, olohok ku tina kaget, pada harayangeun terang, kumaha balukarna, ngomong deui Haji Mamur, ”Ayi kumaha terasna.”

Haji Saleh ngomong deui, ”Tuluy abdi leuleuweungan, kasieun geus leungit bae, ku rupaning sato galak, atawa ku druwiksa, turun gunung unggah gunung, anjog ka alas Cidamar.

Rada teteg pikir abdi, geus tangtos moal kapendak,najan pa-

89