Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/106

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

da nyusul oge, margi sakitu jauhna, pulisi moal nyangka, tatapi sanajan kitu, abdi teu weleh cangcaya.

Sangkan salamet nya diri, neangan keur panyumputan, gancangna geus mendak bae, hiji imah singkur pisan, handapeun tangkal loa, aya dina lengkob gunung, sarta anggang ka tatangga.

Kudrat Gusti Maha Suci, dongkap kana kadar awak, abdi teh pareng ngajodo, ka anak nu gaduh imah, nu dianjrekan tea,” keur kitu kabeh ngaranjug, reuwasna kabina-bina.

Aya istri nu ngajerit, indit ti tempat diukna, ngarontok ka Haji Saleh, blug nyuuh kana lahunan, sasambat jejeritan, pokna ”Duh Gusti Yang Agung, abdi tobat henteu kiat.

Abdi geus hilap kaisin, wiwirang henteu katahan, tina ku bangeting poho, anu teu disangka-sangka, wengi ieu patepang, jeung panutan abdi estu, Ya Allah tobat Pangeran.”

Bengong kabeh nu ningali, ningal polah istri tea, kitu deui Haji Saleh, olohok ku tina reuwas, teu puguh rarasaan, sieun pacampur jeung bingung, boa eta istri owah.

Henteu pegat eta istri, ceurik jeung bari sasambat, nu araya jempe kabeh, taya nu ngomong sakecap, tina leuwih nya heran, nu ceurik nyambatna terus,watir ketir jeung nalangsa.

MASKUMAMBANG

”Aduh Akang naha kaniaya teuing, ka abdi bet tega, piraku nepi ka lali, kapan ieu pun Urkiah.”

Haji Saleh ngaranjug reuwas teh teuing, henteu puguh rasa, nguping omong anu ceurik, bet ngakukeun Nyi Urkiah.

Ditegeskeun sorana sidik teu pangling, tetela Urkiah, leng Haji Saleh teu eling, teu inget kalalakian.

Gabrug bae ngarangkul barina ceurik, ”Uki ieu akang, salaki maneh pribadji, rumasa akang teh dosa.”

90