Duanana pagugulung bari ceurik, kaget anu ningal, sami ngangres dina ati, teu bisa nahan cimata.
Sadayana nu aya milu kaletir, nguping nu sasambat, pili genti bari ceurik, watir pisan kakupingna.
Sadayana jempling bari naringali, teu ngomong sakecap, nunggu lelerna nu ceurik, ngadago deui elingna.
Haji Saleh ngusapan sirah Nyi Uki, ”Akang henteu nyana, jeung Nyai papanggih deui, nu geus taya pangharepan.
Ku ingetan dua puluh taun leuwih, pisah reujeung akang, ayeuna geus jadi haji, jeung saha Nyai ka Mekah.”
Jeung kumaha ayeuna perkara Nyai,” Nyi Uki ngajawab, henteu eureun nginghak ceurik, sorana teh pegat-pegat.
”Sanajanna akang ninggalkeun ka abdi, mun pupus ti heula, teu maksad lakian deui, jangji abdi moal robah.”
Haji Saleh rupana kakara eling, ngomong ka Urkiah, ”Meugeus Nyai ulah ceurik, isin itu ku juragan.
Duh juragan sadaya pameget istri, neda sih hampura, sugri lampah jisim abdi, sareng biangna pun anak.
Rehing abdi prantos hilap dikaisin, sanes teu ngajenan, ka sadaya nu lalinggih, bet leng bae abdi hilap.”
Haji Mamur ngajawab ”Perkara abdi, akang nimbang pisan, terkadang akang mah leuwih, bisa jadi kapaehan.”
Haji Saleh ngalirik ka Ujang Atim, ”Ujang kabeneran, ditakdirkeun ku Yang Widi, papanggih jeung indung Ujang.”
Ujang Atim ka ibu nyuuh jeung ceurik, ”Abdi henteu nyana, singhoreng teh indung abdi, teu sangka kabina-bina.
Bet paingan ti barang abdi papanggih, tepang sareng ema, henteu asa-asa deui, raos ka indung sorangan.
Karaosna ema ge pon kitu deui, henteu asa-asa, umangken ka diri abdi, teu benten cara ka putra.