Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/108

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Sihoreng teh perasaan anu gaib, bet henteu nyalahan, ayeuna ieu-geus bukti, dibukakeun ku Pangeran.”

Nyai Haji Aisah tumungkul ceurik, ngusapan anakna, ”Duh Ujang teu nyana teuing, panyana teh lain Ujang.

Anak ema anu masih keneh leutik, ku ema di tilar, lantaran nuju prihatin, di tinggalkeun ku amana.

Sanggeus leler Jang Atim cengkat gek deui, gigireun indungna, Neng Haji nyampeurkeun gasik, ngomong ka Haji Aisah.

”Henteu tahan abdi teh ngangres nya ati, singhoreng teh engkang, estu putra Ema sidik, paingan teu asa-asa.

Ti kapungkur talajak Ema kasaksi, nyaahna ka engkang, teu benten cara ka abdi, paingan ari kitu mah.

”Bener pisan sakumaha omong Eulis,” ceuk Haji Aisah, ”Ema estu untung teuing, hirup diriung ku anak.

Najan lain anak tulen diri Eulis, da ema sipatna, anu ngasuh ti leuleutik, asa tulen anak ema.

Sujud sukur ka Gusti nu Maha Suci, lantaran ayeuna, dikabul paneja ati, Eulis ngajodo ka engkang.

Diri ema ti barang gok ge papanggih, tepung jeung engkangna, hate ema teh katarik, cinta asih ngadak-ngadak.

Henteu pegat ema muntang siang-wengi, ka Gusti nu Mulya, muga-muga bae eulis, dijodokeun ka engkangna.

Singhoreng teh geuning ayeuna bet bukti, paneda laksana, bisa rangkep reujeung Eulis, tetela pikeun lantaran.

Milik ema kudu bisa tepung deui, hiji reujeung anak, kadua kudu papanggih, nya eta reujeung amana.”

Sanggeus kitu Nyi Haji Aisah indit, munjung ka mertua, nya eyangna Ujang Atim, ku mertua diusapan.

Cek Nyi Haji Yusup ”Aduh deudeuh teuing, ibu mah teu nyangka, indung si Ujang teh Nyai, nuhun ayeuna geus tepang.”

Haji Mamur ka Haji Saleh ngalahir, ”Akang henteu nyana,

92