Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/109

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bet kitu lalakon ayi, ahengna kabina-bina.

Tina banget akang milu suka sedih, datang ka rambisak, aceukna ge kitu deui, bari nunjuk ka istrina.

Nyai Haji Mamur gancangna ngalahir, bari dumareuda, ”Aceuk mah sok komo deui, ngaraskeun iri sorangan.”

Haji Mamur ti dinya pok ngomong deui, ”Ku paneda akang, teruskeun carios ayi, masing dongkap ka tamatna.”

SINOM

Haji Saleh tuluy cengkat, neruskeun carita tadi, ”Abdi di dinya bojoan, nya ka seuweuna pribumi, tah ieu ka pun Uki, di dinya abdi teh matuh, kenging salapan bulan, gawe teh ngan wungkul ulin, dimemenan ku bojo sareng mitoha.

Tatapina lila-lila, mitoha ngarasa rugi, maraban jalma teu guna, gawena ngan wungkul ulin, tuluy bae meredih, tina geus ngarasa ripuh, sinareng sayaktosna, da ku abdi ge kasaksi, mitoha teh estu walurat kacida.

Abdi ge rumasa pisan, ku mitoha dipiasih, beurang peuting dimemenan, tuluy bae abdi pamit, rek nyaba kuli-kuli, tapi yaktosna mah bingung, ka mana nu diseja, margi masih keneh isi, osok sieun papanggih jeung nu neangan.

Abdi teh tuluy ngeureunan, di warung Cibadak ngopi, di dinya parantos nyampak, rea jalma nu ngaropi, kakuping keur badami, rek indit kuli ka Lampung, abdi atoh kacida, margi ku emutan abdi, di Lampung mah tangtu euweuh kahariwang.

Tacan lami badamina, torojol juragan sumping, nya tuluy abdi unjukan, mun ditampi bade ngiring, kalangkung bingah ati, barang panuhun dikabul, sumawonna eta mah, barang ka Lampung geus nepi, gaduh damel dipetakeun ku juragan.

Pikir enggeus gilig pisan, moal bade balik-balik, mun tacan lima taun mah, margi osok rajeun nguping, anu keuna perkawis,

93