Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/110

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

teu kapanggih lima taun, wartosna osok cupar, tara diuruskeun deui, waktos kabur diitung kana hukuman.

Nu mawi suhud kacida, abdi ka juragan ngiring, teu aya pisan emutan, kana mikir hayang balik, kudrat Gusti Yang Widi, barang jejeg lima taun, wengi keur sare tibra, abdi ngimpi aya sidik, pun bojo teh datang bari ngais budak.

Enjingna abdi unjukan, reh gaduh adi sasiki, kacida pisan melangna, dikantun parantos lami, abdi teh moal lami, tangtos enggal deui wangsul, dupi nu sayaktosna, maksad abdi taya deui, ngan rek enggal ngabujeng pun bojo tea.”

Mas Haji Mamur ngandika, ”Kutan kitu maksud ayi, naha atuh lain wakca, kapan akang teh ka ayi, teu asa-asa deui, enggeus pisan ngaku dulur,” Haji Saleh ngajawab, ”Teu wantun margina isin, reh rumaos ti barang tepang geus cidra.”

Gancang Nyi Haji Aisah, nanya semu ulat sedih, ”Kumaha bapa jeung ema, ayeuna anjeunna masih, di ditu jeung Kang Haji, sarta henteu acan pupus, ”Haji Saleh ngajawab, ”Tetep henteu ingkah deui, jeung ayeuna anjeunna masih araya.”

Dengek Nyi Haji Aisah, kasuat pikirna sedih, ras inget ka indung bapa, anu teu eureun prihatin, tambah pisah geus lami, Nyi Haji Yusup seug muru, dicombo dilelejar, ”Meugeus Nyai ulah ceurik, engke oge jeung Nyai tangtu patepang.”

Nyi Haji Aisah lejar, diukna geus bener deui, Haji Mamur pok ngandika, ”Estu henteu nyana teuing, kitu lalakon ayi, ayeuna kudu disambung, ku Nyi Haji Aisah, pek ayeuna ku Nyi Haji, caritakeun ti sapisah jeung akangna.

Tapi engke heulaanan, ke tempo sakeudeung deui, sabab kudu ngaso heula, jeung akang teu weleh muji, kersana Maha Suci, akbarna Gusti Yang Agung, tur kamurahanana, dikersakeun tepung deui, akang ayi tuang garwa jeung si Ujang.

94