Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/111

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

MAGATRU

Nyai Haji Aisah tuluy cacatur, ”Abdi langkung ngenes ati, barang pun lanceuk geus tuluy, ngantunkeun ka diri abdi, ngaraos sedih prihatos.

Siang-wengi gawe teh wungkul ngaringkuk, di pangkeng teu eureun ceurik, barangteda oge luput, mun wengi ngan nyileuk nyaring, badan ngaraos rampohpoy.

Wuwuh lami badan abdi wuwuh kuru, beungeut pias taya getih, kantun pasrah ka Yang Agung, ti batan nandang prihatin, suka lilah abdi maot.

Pitulunging Gusti Anu Maha Agung, nu sipat Rahman jeung Rahim, emut ka anu di kandung, dosa temen meureun abdi, bet naha nyiksa ka orok.

Ku emutan lamun tega kana umur, anu dikandung geus pasti, maot ku abdi kabantun, katambih emut ka jangji, waktu pun janceuk rek mios.

Sanggemna teh sanajan satutup umur, moal pegat nya miasih, margi tega soteh ngantun, kapaksa nyiar rejeki, abdi anu dipiabot.

Ku lantaran pun lanceuk nyanggemna kitu, baris tetep mikaasih, hartosna tetep mihukum, abdi rada teteg deui, pikiran teh rada longsong.

Kana sare kana neda aya napsu, jeung teu pegat siang-wengi muntang ka Nu Maha Agung, pamugi-mugi salaki, kenging rahmat ti Yang Manon.

Salamina ginanjar mulus rahayu, enggoning nyiar rejeki, mugi kaparengan untung, sinareng pamugi-mugi, kana jangji ulah poho.

Kitu bae panuhun ka Maha Agung, henteu kendat siang-wengi, barang abdi geus ngajuru, katambah orok lalaki, kalintang bae

95