nya atoh.
Ayeuna mah aya baris panglilipur, ngubaran pikir prihatin, pun anak nu digugulung, jeung pun biang piligenti, pada nimang pada nyoo.
Barang kira umur pun anak sataun, abdi nembe kuli deui, sapertos gawe kapungkur, ka kontrak Patuha-Wati, reh pun biang prantos kolot.
Kana kuli anjeunna ngaraos ripuh, jadi digentos ku abdi, damelna ngan tunggu lembur, sarta ngasuh anak abdi, ka incu teh langkung ngogo.
Lami-lami pun anak teh enggeus ngindung, langkung apetna ka nini, ka abdi mah parantos cul, mun indit henteu ngarungsing, jadi kuli bisa jongjon.
Kinten umur pun anak geus opat taun, dongkap gogoda ka abdi, lalaki geus dua-tilu, anu maraksad rek ngawin, marukanana teh lengoh.
”Anu tangtu rek ngawin” cek tua-kampung, ku ingetan taya deui, kajaba juragan Kuwu, anu cocog reujeung kami, tangtu maneh oge cocog.”
Abdi jongjon tungkul bae teu ngawangsul, tina bingung liwat saking, tuluy jeung pun bapa wangsul, di rorompok tambah sedih, tengah peuting nya ngaleos.
Gagancangan teu puguh anu dijugjug, kawantu leumpang ti peuting, abdi sering pisan labuh, tapi maksa indit deui, teras bae maju ngulon.
Ku lantaran kasieun aya nu nyusul, ku abdi enggeus dipikir, henteu make jalan kampung, tapi mapay jalan buni, leumpang turut-turut kebon.
Tempo-tempo ka nu bala usrak-asruk, nyorang legok mapay gawir, kasieun geus henteu emut, najan nyorang leuweung repit, cahya bulan nembe tembong.
Usrak-asruk nepi kana suku gunung, asup kana leuweung