kai, wantu-wantu leuweung kidul, kaina geus lain deui, rajeun ngemplong tegal kaso.
Abdi henteu sieun jadi caduk maung, teu aya risi saeutik, sumawon ku bangsa lembut, kayaning jin reujeung ipri, setan jurig gandarewo.
Teu hoream ku gunung sapedah luhur, teu gimir pasir ngawingking, jungkrang lewang henteu bingung, gawir gurawes ngadingding, lampah mo datang ka bedo.
Sorot bulan ngan ukur bae ngalamuk, kahalangan mega putih, bangun nu sumput-salindung, asup deui bijil deui, siga anu mawa ocon.
Ngaheureuyan ka anu eukeur lumaku, rajeun bijil henteu hasil, tengah leuweung luwang-liwung, cahya kapindingan kai, asana teh abong-abong.
Abdi leumpang teu puguh anu dijugjug, teu nganggo pikiran deui, duka ngaler duka ngidul, keur di leuweung teh ti peuting, rarasaan bae ngulon.
Lami-lami leumpang teh ngarasa mudun, nyorang kana tegal eurih, manjah kaso tingrunggunuk, bet bras kana jalan munding, ka dinya abdi norobos.
Sering pisan nyorang kana dungus begu, gawir lamping kitu deui, pitulung Gusti Yang Agung, bet abdi teh enggeus nepi, ka jalan anu molongpong.
Ku hibarna sadaya para karuhun, sihing Gusti Maha Suci, sasatoan nuju suwung, dedemit sadaya sepi, rupina nuju marondok.
Harita teh bulan mah parantos surup, beulah wetan pajar bijil, napsu mangprung suku jingkrung, tuluy bae abdi nyisi, nu dimaksad bade ngaso.