Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/114

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

MASKUMAMBANG

Sisi jalan nyalingker handapeun kai, tangkal gede pisan, di handapna bareresih, tayoh tempat pang eureunan.

Ku lantaran leumpang teh parantos tebih, teu pati hariwang, amung Karaos ku abdi, kacida pisan ripuhna.

Munasabah ku lantaran sapeupeuting, terus bae leumpang, remen tisuksruk tibanting, awak ngarasa pasiksak.

Abdi diuk jeung nyarande kana kai, nyanghareup ka wetan, ningal sang suria bijil, reup sare henteu karasa.

Barang abdi lilir reuwas taya tanding, bet dirogrog jalma, awewe Sareng lalaki, sarta raong anu nanya.

Abdi bingung ngahuleng jeung larak-lirik, gawe kikireuman, karisi teh datang deui, sieun jalma nu nyusulan.

Barang kabeh jalma katingal geus sidik, nu wawuh teu aya, Karisi teh gancang leungit, tapi bingung keur ngajawab.

Pitulunging Gusti Anu Maha Suci, bet datang pikiran, supaya euweuh nu jail, tuluy abdi pipireuan.

Nu naranya kabeh dijawab ku seuri, ku ingguk jeung peta, jeung ah-ih-eh nu teu uni, nurutan nu pireu enya.

Jalma-jalma ngaromong tingkecewis, jeung pada baturna, omongna karunya teuing, naha eta urang mana.

Ngan sorangan tur aya di jalan suni, anu sepi pisan, kawas nu dibawa kunti, ingkeun entong diheureuyan.

Ti dinya mah tuluy abdi indit deui, leumpang gagancangan, margina geus beurang teuing, jeung datang deui tanaga.

Pikir abdi ayeuna parantos gilig, bade pipireuan, sangkan terus lampah abdi, ulah diganggu di jalan.

98