Awal-ahir salaki bisa kapanggih, jongjon nya neangan, teu aya nu nyisi-kudi, teu bingbang ku pulisian.
Margi sakur nu papanggih sareng abdi, teu teras nanyana, rupina henteu kaharti, tungtungna ngan seuseurian.
Cobi lamun ngomong biasa sasari, tangtu papanjangan, manawi rasiah abdi, tangtos enggal kabukana.”
Haji Mamur ka Aisah seug ngalahir, ”Estu alus pisan, eta teh akal Nyi Haji, akang kacida mujina.
Langka pisan najan di jalma berbudi, anu ngadak-ngadak, meunang akal anu rikip, pikeun ngajaga dirina.
Nu karasa ku diri akang pribadi, lamun manggih bahla, akal tarekah sok leungit, bingung henteu puguh cabak.
Ayeuna mah cing hempek teruskeun deui, akang panasaran, sabab rasiah Nyi Haji, kakara buka ayeuna.”
Nyai Haji Aisah carita deui, ”Abdi terus leumpang, bada magrib pareng manggih, warung nenggang sisi jalan.
Tuluy bae gura-giru indit deui, teu pamitan heula, teu tahan, capena kaliwat saking, geus neda dug sasarean.
Kinten-kinten tabuh tilu abdi lilir, kacida reuwasna, ku lantaran abdi ngimpi, kapanggih ku nu nyusulan.
Tuluy bae gura-giru indit deui, teu pamitan heula, barang enggeus bade enjing, di jalan paamprok pisan.
Sabubuhan jalma awewe-lalaki, ngomong patembalan, kawasna bade ka jami, dongkap deui kahariwang.
Ti dinya teh tuluy bae abdi ngawih, lagu roronggengan, dibarung seuri ngagikgik, niron lampah anu owah,
Kawasna mah sieuneun liwat saking, buktina teh ear, awewena tingjarerit, mengled kana sisi jalan.
Abdi terus leumpang bae bari ngawih, jeung igel-igelan, barang enggeus rada tebih, kakuping breng lalumpatan.
Sadayana nu nguping ger bae seuri, ngomong patembalan,