Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/116

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

”Najan urang oge pasti, mun manggih nu kitu lumpat.

Sabab naksir nu kitu mo salah deui, tangtu anu edan, paling mujur nu teu eling, mo nyangka jalma biasa.”

Rada lami Nyi Haji Aisah cicing, ngaso nyaritana, tambah rame keneh seuri, gorgar pada gogonjakan.

Sanggeus lami Nyi Haji Mamur ngalahir, ”Nyi Haji Aisah, lampah teh ku matak seuri, naha make kikituan.”

Nyai Haji Aisah ngawalon gasik, ”Ih, ari juragan, estu dihaja ku abdi, sangkan sarieuneun jalma.”

KINANTI

Pok ngomong Mas Haji Mamur, ”Cing pek teruskeun Nyi Haji,” gancang Nyi Haji Aisah, neruskeun carita deui, ”Abdi terus bae leumpang, beuki lami beuki tebih.

Abdi niron anu burung, dua dinten-dua wengi, dupi nu jadi margi mah, lantaran meh henteu sepi, ku jalma nu lalar-liwat, anu dagang nu rek kuli.

Komo mun ngalangkung lembur, dangdanan teh lain deui, gelung pinuh kekembangan, naon bae nu kapanggih, sugri nu taya matakna, sareng anu henteu rujit.

Mendung make payung butut, ngagidig ngajingjing samping, henteu eureun seuseurian, diselang ku ngahariring, tapi henteu sumpang-simpang, nu dipalar enggal nepi.

Ka jalan nu rada suwung, ulah anu rame teuing, komo mun mendak lembur mah, horeamna lain deui, wegah piakaleunana, sangkan teu disisi-kudi.

Margina nu mawi kitu, risi henteu daek leungit, sieun aya anu nyaram, ngahalangan karep abdi, nu mawi kumaha behna, disebut gelo ge nampi.

Ku emutan mah saminggu, ti sabarang abdi indit, artos bekel

100