prantos beak, sanajan abdi teh gemi, margi ngan satalen pisan, estu henteu gaduh deui.
Beuteung mah pating-kurubuk, margina meh ti kamari, henteu pisan barangteda, kajabi dieusi cai, ari bade musapir mah, tacan iklas diri abdi.
Abdi leumpang beuki laun, tina ripuh liwat saking, katambah-tambah ku lapar, sinareng katebak angin, raga teh kokoleangan, teu bisa ngalengkah deui.
Di sisi jalan ngalumbuk, ngarengkol dina kamalir, taya tangan pangawasa, geus teu puguh nu kakuping, titingalan enggeus samar, les bae abdi teu eling.”
Ngajerit Nyi Haji Mamur, ngarontok barina ceurik,ngusapan Haji Aisah, nyarita jeung rawah-riwih, ”Ya Allah tobat Pangeran, naon dosa dulur abdi.”
Harita anu ngadangu, kana carita Nyi Haji, pada kamembeng cimata, sedih pacampur jeung watir, rusras ka diri sorangan, Jamunna kitu nya takdir.
Sajongjongan ngajarentul, jiga kabeh henteu usik, nu kadenge ngan ambekan, Haji Mamur ”Alloh Robbi, ieu mah saestu tamat, ngangres, sedih jeurg prihatin.
Nuhun ka Gusti Yang Agung, anu sipat Rahman Rahim, geus ngaganjar ka Aisah, pamales sedih prihatin, pamayar sabar tawekal, ati setya ka salaki.
Ayeuna geus bisa kumpul, salaki kapanggih deui, kitu deui reujeung anak, malah nungkulan keur kawin, indung-bapa masih aya, tangtu engke ge papanggih.”
Negareret Mas Haji Mamur, ka istrina seug ngalahir, sora rada dumareuda, ”Meugeus Nyai ulah ceurik, supaya Haji Aisah, neruskeun carita deui.”
Nyi Haji Mamur seug diuk, tapi henteu ingkah deui, ngarendeng deukeut Aisah, katawis panonna bintit, mencrong bae ka Aisah, omongna ”Tuluykeun Nyai.”
Nyi Haji Aisah tuluy, neruskeun carita deui, ”Abdi teh duka