kumaha, dina waktos keur teu eling, da rasa mah jongjon leumpang, salaki nu dipieling.
Di dituna teh di gunung, sarta jalan beuki leutik, kenca katuhuna lewang, gawir ngadingding jeg bilik, sarta kalangkung jerona, ningal ge mani muriding.
Abdi teh bingung nya laku, ningal jalan beuki leutik, sarta tambah gurangsengna, aya niat balik deui, barang ret ningal ka tukang, jalan anu tadi leungit.
Beuki tambah abdi bingung, rek maju oge teu wani, tina kalangkung paurna, teu bisa ngalengkah deui, dina mumunggang ngarandang, ngarayap di sisi gawir.
Gebeg abdi teh ngaranjug, reh jalan teh buntu deui, teu aya terusanana, sakuriling wungkul gawir, karasana bade rempag, tina margi gawir ipis.
Ti dinya bluk bae nyuuh, muntang pageuh kana gawir, taneuhna oyag-oyagan, keur kitu abdi teh nguping, aya anu ngageroan, barang direret ku abdi.
Katingal peuntas ti ditu, sidik anu dipilari, pun lanceuk teh ngagupayan, atuh teu ngengkekeun deui, goak ceurik jejeritan, cing tulungan ieu abdi.
Ras bae abdi teh emut, sarta kaget liwat saking, diriung ku jalma loba, awewe sareng lalaki, jeung kukus ngebul haseupna, kakuping reang nu dikir.
Margi pikiran can puguh, jeung emut kareuwas tadi, waktu dina pangimpian, goak deui bae ceurik, sarta teu weleh sasambat, ka Gusti Nu Maha Suci.
Ceuk jalma anu geus sepuh, nu diuk siraheun abdi, tah geuning geus inget pisan, buktina ayeuna ceurik, tetela yen kapaehan, pang ngagoler na kamalir.
Keun ulah waka diganggu, sina seubeuh heula ceurik, sadiakeun keur daharna, da ieu mo salah deui, tetela yen kalaparan, lain gering ku panyakit.
Abdi cengkat tuluy diuk, sarta henteu ceurik deui, cek jalma