nu sepuh tea, kumaha Nyai geus elin, Mamang moal waka nanva kana usul-asal Nyai.
Cek abdi, aya pangestu, jiad sadaya nu linggih, mung bade tumaros heula, di mana ieu teh abdi,” jalma sepuh ngawalonan, poma Nyai entong risi,
Emang di dieu ngawarung, barang tadi emang nguping, ti jalma anu ngaliwat, omongna dina kamalir, aya awewe ngajoprak, tuluy bae emang indit.
Ka tempat eta ngajugjug, sarta barang enggeus sidik, tetela yen henteu ajal, ngan rupina. henteu eling, tuluy ku emang dibawa, tina ku bawaning watir.
ASMARANDANA
Ayeuna mah maneh Nyai, geura kop dadahar heula, katenjona maneh lungse, engke lamun enggeus dahar, ku emang rek ditanya, ti mana nya lembur matuh, Banjar Karang pamidangan.
Abdi teu ngengkekeun deui, kop neda nimat kacida, kawantu geus dua poe, henteu pisan barangteda, atuh ponyo kacida, teu era sabab diriung, naranggap anu keur neda.
Tukang warung suka seuri, tuluy ngomong ka nu rea, tuh geuning geura tarenjo, ponyo kacida daharna, eta lantaranana, tadi ku aka disebut, lain gering tapi lapar.
Saparantos rada Jami, ngaraos badan teh sehat, tuluy bae abdi ngomong, emang jeu teh di mana, abdi kaget kacida, reh tadi ngaraos lanjung, abdi rubuh sisi jalan.
Negajawab jeung bari seuri, ieu teh di Bojonglopang, emang reuwas reujeung kaget, Nyai tadi teh kapendak, ngajoprak sisi jalan, malah ku sangkaan batur, tangtu Nyai enggeus misan.
Tina ku bawaning watir, nya tuluy jeung babaturan, Nyai ka dieu digotong, sabab barang dipariksa, aya keneh cirina, yen tetela masih hirup, tuluy pada narekahan.