Ayeuna maneh teh bukti, katenjona enggeus sehat, sabab sangka emang oge, kasakit mah henteu aya, ngan bawaning ku lapar, pantes lieur jeung lalanjung, sabab beuteung kosong pisan.
Enggal diwalon ku abdi, yaktos abdi lapar pisan, reh parantos dua poe, henteu pisan barangteda, kawuwuh ripuh pisan, lumaku parantos jauh, kinten saminggu lamina.
Sadayana anu nguping, semu karageteun pisan, kabeh ka abdi malencrong, tukang warung gancang nanya, Nyai teh nu ti mana, sarta naon nu dimaksud, pang leumpang sosoranganan.
Abdi teu talangke deui, paralak bae nyarita, tina asal-asal na‘teh, dongkap ka poe harita, teu aya nu kaliwat, semu kaget tukang warung, gogodeg bae gawena.
Amung salingkuh saeutik, dina perekawis ngaran, ngaku ngaran Mimi bae, teu ngaku ngaran Urkiah, margina masih rempan, inggis aya anu nyusul, atawa surat bewara.
Panutup carita abdi, ka tukang ngawarung tea, ieu mah manawi bae, emang parantos mendakan, jalma kitu pandena, kawantu emang ngawarung, tangtos seueur anu sindang.
Tukang warung semu mikir, tungkul bari ngusap tarang, teu lila pok bae ngomong, bener emang inget pisan, bareto asa aya, kira enggeus lima taun, lalaki kitu pandena.
Di dieu eureunna lami, sarta kungsi dadaharan, tapi barang geus dahar teh, manehna semu nu susah, gawena rumpu-rampa, dikodokan unggal saku, lir aya nu diteangan.
Tuluy bae nyabut ali, nu aya dina curukna, barina ka emang ngomong, kuring teh kacilakaan, bet loket henteu aya, weleh kuring henteu emut, duka di mana ragragna.
Ieu bae galeuh ali, manawi aya damelna, margi ieu ali sae, ku kuring teh dipeserna, teu kirang lima perak, ayeuna mah margi perlu, mangga sakawani Emang.
Ku emang tuluy dibeuli, asana teh dua perak, lantaran emang ge bogoh, panonna teh batu Yaman, watangna ku suasa, sarta