tuluy tukang warung, ngojengkang sup ka enggonna.
Kakuping muka lomari, teu lila jol deui datang, tah nya ieu alina teh, barang ku abdi katingal, sidik pisan teu samar, nya pun lanceuk anu gaduh, abdi teh henteu kawawa.
Segruk bae abdi ceurik, ningal ali bet nalangsa, pun lanceuk asa beh bae,” Haji Saleh pok nyarita, ka Nyi Haji Aisah, Eta omong tukang warung, bener pisan teu sulaya.
Akang teh ngan api-api, kudak-kodok kana pesak, jeung ngomong leungiteun loket, inghale mah jijieunan, da Nyai kapan terang, akang mekel genep baru, dua poe ge geus beak.”
Mas Haji Mamur ngalahir, Eta ayi leres pisan, galib mungguh nu aranom, nyieun akal pamindingna, panyinglar kahinaan, teu weleh saur di luhur, tincakna taya kagila.
Embung kaciri yen laip, sungkan katara teu boga, sanajan kantongna kosong, henteu weleh nyiar akal, sangkanna dipercaya, suwungna henteu kateguh, wiwirang henteu katara.”
Geus kitu pok mangkat deui, Haji Aisah nyarita, Kieu cek tukang warung teh, tah geuning eta tetela saomong emang nyata, sidik nu dahar kapungkur, nya salaki Nyai tea.
Tapi nepi ka kiwari, henteu aya deui datang, ka dieuna ngan bareto, duka ka mana tuluyna, tapi ari ayeuna, lamunna jeung Mimi rempug, kieu kahayang emang mah.
Mimi entong tuluy indit, di dieu bae jeung emang, susuganan awak maneh, jeung salaki aya kadar, bisa deui patepang, bubuhan emang ngawarung, pangeureunan nu ngaliwat.
Sanajan maneh teh indit, rek ka mana nya neangan, da teu puguh dumuk na ge, anggur disambil usaha, di dieu urang dagang, diajar kana ngawarung, ngabantu-bantu embina.
Ku emang baris digajih, dina sabulan saperak, jaba dahar reujeung pake, eta mah tanggungan emang, gawe geus tangtu senang, ngan wungkul nungguan warung, ngaladangan nu balanja.
Ku emang enggeus dipikir, ku lantaran maneh ngora, sarta