boga rupa hade, geus tangtu jadi pangiwat, ka nu ngaraliwat, najan tadina teu maksud, ngadadak niat balanja.
Jeung ku Mimi kudu pikir, sanajan gajih saperak, mun lepas tangan mah gede, geura itung dina dahar, lamun rata-ratana, sapoena tilubaru, geus tilu ringgit sabulan.
Jol pake diitung deui, ratana dina sabulan, itung sarupia bae, salapan perak satengah, jumlah gajih sabulan, kawasna jejeg sapuluh, mun diitung jeung ngopi mah.
DANGDANGGULA
Abdi bingah henteu aya tanding, nguping omong tukang warung tea, lir tangkal mendak panyebor, nu asal leuleus alum, ngadak-ngadak calenghar deui, gancang abdi ngajawab, Emang. sewu nuhun, kawelas salira Emang, ku abdi teh ditampi lahir jeung batin, mo hilap salamina.
Abdi maksad sumerah nya diri, sakumaha kasauran Emang, sumeja ngiringan bae, tukang warung ngawangsul, sukur pisan mun kitu Mimi, maneh ulah salempang, ku emang geus tangtu, Mimi teh dipulung anak, sabab emang sakitu lawas jeung bibi, taya kadar anakan.
Ngan ayeuna emang rek pepeling, saratna teh mungguh anu dagang, kudu salawasna bae, ucap jeung laku alus, dibarengan ku budi manis, darehdeh jeung akuan, ulah pilih bulu, ka nu kolot ka nu ngora,.ulah beda ka awewe ka lalaki, sarta kudu merenah.
Budi manis titi jeung raspati, hade ucap reujeung budi basa, logoyoh reujeung sampoyong, ulah hayang di luhur, sumawonna jeung haseum budi, eta cegahanana, mungguh nu ngawarung, ulah sungkan pedah hina, bangun rujit pedah nu meulina rudin, ngaheulakeun nu gandang.
Poma pisan ulah jebras-jebris, sumawonna jeung bangun aral mah, juwang4jewang ngomong songong, sanajan eukeur bingung,