atawana keur juwet pikir, ulah pisan katara, tapi maneh kudu, nembongkeun nu bangun suka, resep cinta ka anu bararangbeuli, ladenan caritana.
Ulah pisan rek tinggal pamilih, taksir heula kumaha pantesna, ka lalaki ka awewe, ka nu ngora jeung sepuh, ka nu pangkat jeung ka nu lain, malum ari warung mah, pangeureunan tamu, reujeung sajaba ti eta, badan pake salawasna kudu bersih, sumawon dagangan mah.
Kitu deui eukeur tempat calik, kudu bersih sarta salaletra, ulah bala jeung kalotor, supaya nu natamu, teu rujiteun mun barangbeuli, malar betaheunana, mun kitu geus tangtu, urang aya kamajuan, ngawarung teh kajojo ti mana-mendi, jadi gede hasilna.
Ku abdi teh dihantem dipikir, estu bener eta papatahna, gancangna abdi ngawalon, emang abdi teh nuhun, sapiwuruk enggeus kaharti, mugi abdi tiasa, ngalampahkeun kitu, abdi ti waktos harita, tetep cicing henteu ingkah-ingkah deui, sarta dikadar senang.
Awak lintuh sarta pake ginding, tukang warung bener kanyaahna, kawas ka anakna bae, barang enggeus sataun, nembe mendak kacua ati, ngadak-ngadak teu betah, margi tukang warung, bojona teh tilar dunya, bet manehna aya pikiran ka abdi,ngeukeuhan ngajak nikah.”
Sadayana ger bae sareuri, sumawonna Nyi Haji Mamur mah, seuri dibarung ku ngomong, ”Aeh-aeh bet kitu, bet tugenah ari lalaki, abong enya kawasa, najan enggeus bengkung, bet henteu ngarampa awak, henteu pisan nimbang-nimbang kana diri, kahayang henteu layak.”
Haji Mamur ngomong bari seuri, enggeus galib ari lalaki mah, geus kolot ge payu bae, sumawonna mun cukup, loba pisan nu mikaasih, kapan buktina rayap, nu cukup nyarandung, bojona kabeh ngarora, nu kolot mah basana tamba pamali, lumayan tunggul kuras.”
Nyai Haji Mamur mani jebi, jeung ngagilir bari ngadelekan,