pokna ”Mun ka dinyah hempek, ari hayang mah nyandung, da balatak parawan geulis, tapi kuring mah narah, najan goreng patut, mun akang rek boga niat, memeh kawin omat pisan diri kuring, kudu beresan heula.”
”Nyi Haji mah osok warna teuing, kitu-kitu make tutuluyan, mun hayang ge ti bareto, tapi sabab teu purun, da akang mah teu aya deui, nu baris dibelaan, ngan Nyi Haji wungkul,” Nyi Haji Mamur ngajawab, Naha atuh majar ceuk akang teh galib, abdi mah sok rareuwas.
Haji Mamur seug ngajawab deui, ”Cing tuluykeun Nyi Haji Aisah, kumaha enggeus kitu teh, Aisah pok ngawangsul, ”Abdi bingung nu taya tanding, datang pikiran rempan, inggis tukang warung, ka abdi maksa-mirusa, dongkap bae pikiran rek kabur deui, nempo dina bongohna.
Peuting eta abdi diuk nyaring, tukang warung geus boga wirasat, sieuneun abdi ngaleos, manehna ge nya kitu, sinarengan teu eureun ngaji, dumugi ka bray beurang, kinten tabuh tujuh, nya geuning sumping juragan, sareng rai bari ngemban murang-kalih, kantos ka warung sindang.”
Nyai Haji Mamur pok ngalahir, ”Bener pisan na waktu harita, aceuk estu henteu poho, jeung akangna ka warung, geuning bari ngais si Nyai, ku lantaran harita, henteu boga batur, beurat-beurat ge wayahna, beurang-peuting ngan ngais-ngais si Nyai, taktak mah asa semplak.”
Haji Mamur pok ngalahir deui, ”Tah ayeuna disambung ku akang, Aisah meujeuhna ngaso.” Tuluy Mas Haji Mamur, cacarita estu patitis, teu tinggal tina peta, kewes sarta lucu, kawantu anjeunna tuman, ti leuleutik carita anu diulik, taya pisan kagokna.
Kieu pokna ”Ti samulih ayi, akang susah teu aya hinggana, lir leungeun katuhu potong, kapaksa saban isuk, kudu indit nungguan kuli, lantaran acan meunang, nu katimbang cukup, pigantieun ayi tea, henteu weleh saban poe pararusing, tina ku karipuhan.
Beuki lami beuki tambah pusing, padamelan kacida kusutna,