atuh beuki bingung bae, akang remen ngajentul, naha ayi teu geura sumping, kapan jangji sabulan, tapi geuning wadul, tuluy akang teh nyuratan, tapi pleng-les walonanana teu nampi, atuh tambah heranna.
Barang prantos jejeg opat Sasih, geus teu kiat akang nahan sabar, gancangna nitahan bae, pikeun ka ayi nyusul, sarta kudu pisan kapanggih, jalma anu dititah, estu urang Bandung, kinten geus satengah bulan, jurungan teh pecenghul geus datang deui, tapina ngan sorangan.
Barang jol ge teu ngengkekeun deui, gancang bae ku akang ditanya, mana Den Jurutulis teh, jurungan pok ngawangsul, ubak-ubek abdi ngilari, weleh henteu kapendak, geus ka unggal lembur, ditanyakeun disaksrak, sanes wungkul di desa Babakanjati, malah ka desa lian.
Tina prantos weleh nya ngilari, tuluy bae naros ka lurahna, suganna ingeteun keneh, lima taun kapungkur, hiji jalma ti dieu indit, nami Surawinata, manehna teh ngaku, geus teu indung geus teu bapa, ngan wargina di desa Babakanjati, nya cepengan juragan.
Malah aya saderekna hiji, tangtos pisan ngabujeng ka dinya, lurah teh tuluy ngawalon, sageuy kuring teu emut, diwewengkon Babakanjati, ti bareto teu aya, anu nyaba jauh, atawa kuli ka kontrak, jeung teu aya di desa Babakanjati, ngaran Surawinata.
Geus kitu mah akang robah pikir, bet ngarasa digawe teu betah, tambah saban bulan bae, gawe teh beuki mundur, kauntungan beuki saeutik, barang geus tujuh bulan, tuluy bae wangsul, beubeunangan kuli tea, mya lumayan dina bukti rupa duit, aya welas rebuna.
Ku akang teh tuluy eta duit, disangsangkeun dipake meseran, sawah reujeung kebon enteh, tegalan sareng talun, emutan teh engke di ahir, bukaeun bararudak, margi na sabau, pangmahalna tujuh perak, ngarah murah ti jalma-jalma di sisi, bawahan Bojonglopang.
Saban bulan akang dua kali, sareng aceuk sok ka