Bojonglopang, ngalongok sawah jeung enteh, barang di hiji waktu, pangasuhna ieu si Nyai nepi kana ajalna, keur waktu di gunung, akang aceuk susah pisan, acan meunang pigantieunana deui, atuh aceuk kapaksa.
Beurang-peuting ngengelek si Nyai, waktu eta manehna umurna, genep bulan mun teu poho,” Nyi Haji Mamur matur, ”Sanes genep salapan sasih,” ”Aeh bener salapan,” saur Haji Mamur. ”bada subuh pukul lima, jeung aceukna barina ngais si Nyai, akang teh jalan-jalan.
Tuluy eureun di warung cikopi, nu dagangna istri masih ngora, sarta rupana ge beres, barang akang keur nginum, jeung aceukna tuluy si Nyai, ku manehna disambat, ditimang dicium, sarta nanya ka aceukna, ari pokna lucu ieu murangkalih, naha mana babuna.”
Ku aceukna diwalon nu mawi, cek manehna lamun ditampi mah, ku maha mun abdi bae, atuh akang ngaranjug, tina bungah teu aya tanding, sumawonna aceukna, leuwih ti ngaranjug, tina ku suka-sukana, tuluy bae harita akang badami, sareng dununganana.
Mimiti mah matak rempan ati, ku lantaran keukeuh teu mikeunna, tapi jinis maksa bae, ku akang nya diputus, sangkan ulah goreng di ahir, dikeupeulan wang kertas, tilu nu sapuluh, itung-itung panebusna, geus kitu mah katembong budina manis, sarta tuluyna pasrah.
Waktu eta ngaranna teh Mimi, enya ieu Nyi Haji Aisah, tah ti waktu harita teh, tetep di akang matuh, sarta tembong gawena rajin, kacida sumujudna, sarta setya tuhu, dina hal kumawulana, sumawonna hal ngurusna ka si Nyai, taya cawadeunana.
Beuki lila ku akang kaciri, lain wungkul kana ngasuh budak, boga bakat resepna teh, malah sagala laku, kawajiban mungguh di istri, beberes di jero imah, popolah di dapur, ku Nyi Mimi teh kacabak, atuh aceuk senangna kaliwat saking, boga batur rapekan.
Tambah-tambah perwatek Nyi Mimi, mun ucing mah bulu candra mawat, ku akang karasana teh, salaku-laku mulus, saban