taun teu myorang rugi, nambahan raja-kaya, boga rasa cukup, mindeng ngomong jeung aceukna, estu bagja urang miara Nyi Mimi, bet alus perwatekna.
Tapi akang heran liwat saking, ka Nyi Mimi rea anu hayang, bet weleh bae teu daek, basana tacan maksud, kana gaduh salaki deui, tur anu daratangna, rea jalma cukup, sarta babad ka manehna, ku akang teh diomongan sina milih, tapi keukeuh embungna.
Jeungna deui ieu teh Nyi Haji, estu pageuh nyekelna rasiah, salamina henteu waleh, yen pang manehna kabur, gede tineung ka linggih rayi, atuh di lebah akang, aceukna pon kitu, poek pisan henteu terang, yen Nyi Haji ngandung rasiah nu demit, nyasat eukeur tatapa.
Tapi akang jeung aceuk geus jangji, ka Nyi Mimi tina banget nyaah, rek diaku dulur bae, hartina paeh hirup, akang aceuk nu boga wajib, ngurus mo asa-asa, saperti ka dulur, sangkan merdika pikirna, turug-urug ngaku geus pahatu lalis, beuki tambah nyaahna.
Sumawonna nilik ka si Nyai, nu sakitu manehna ngidungna, ka aceuk mah geus pot bae, ”ema” manehna nyebut, sarta embung pisah saeutik, sumawon mun sare mah, kudu pagugulung, kacaturkeun lawas-lawas, akang aceuk geus nepi ka titis-tulis, banget pisan nya maksad.
Hayang jarah arek munggah haji, sarta hayang bareng sarerea, si Nyai jeung Mimi oge, caturkeun hasil maksud, sadayana geus jadi haji, aceuk Siti Aminah, akang Haji Mamur, Nyi Mimi Siti Aisah, jeung si Nyai asal ngaranna Rukmini, ganti Siti Sumekar.
Tah ayeuna ieu enggeus bukti, geuning kieu kersaning Pangeran, lalakon diri urang teh, perlu urang sumujud, muji sukur ka Maha Suci, reh urang sarerea, bisa deui tepung, tawis nugraha Pangeran, wates ieu kudu gulung jadi hiji, jalanan ti barudak.
Kitu deui lampah Nyi Haji, ku timbangan leuwih ti sampurna, perlu diparake conto, tuladeun anak incu, tanda istri anu sajati, kudu cara Aisah, estu kukuh-pengkuh, ka salaki tetep setya,