dibelaan manehna bubuang diri, ti batan daek nirca.
KINANTI
Haji Yusup nyambung saur, ”Lahir putra geus kakuping, eta yaktos leres pisan, boh pameget boh di istri, lamunna tetep imanna, tuhu-pengkuh kana jangji.
Anu kitu geus disebut, dina kitab cek kiai, kakasih Gusti Nu Mulya, sanajan lara mimiti, geus tangtu di ahirna mah, Kenging kamulyaan diri.
Anu matak saur guru, para, ajengan nu alim, urang kudu pisan hayang, husnul hotimah pinuji, hartina hade tungtungna, meunang rahmating Yang Widi.”
Mas Haji Saleh pok matur, ”Ieu ku emutan abdi, juragan nu jadi jalan, pang pun bojo pendak deui, margi salira juragan, ka pun anak mihawatir.
Kawuwuh geus ditelekung, atuh henteu sesah deui, jeung abdi teu sisirangan, puji nuhun laksa keti, lahirna nya ka juragan, batinna ka Maha Suci.
Mugi Gusti Anu Agung, nu kagungan bumi langit, males kasaeanana, juragan pameget-istri, salamina kenging rahmat, tetep dina sugih mukti.
Sareng sajabi ti kitu, sanget panuhun sim abdi, mugi ulah bendu manah, isinna mah taya tanding, ieu biangna pun anak, diamitkeun ku sim abdi.
Isinna mah sakalangkung, rek nyanggem teh beurat biwir, menggah palebah dinya mah, juragan pameget-istri, geus tangtos langkung uninga, kana maksad jisim abdi.”
Ku Haji Mamur kamalum, bari ngawalon jeung seuri, ”Sumangga ayi sumangga, aceuk akang putih bersih, da ayi anu ke gungan, eta mah sumangga teuing.”